Tujuan MODUL BASA SUNDA KK F Imas Final

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 10 sangkan lumangsung proses diajar. Sedengkeun pangajaran nyaéta siswa diajar ngagunakeun asas pendidikan atawa teori diajar minangka bagean utama nu nangtukeun hasil henteuna pendidikan, kaasup pangajaran basa Sunda. Pangajaran mangrupa proses komunikasi dua arah, ngajar dilaksanakeun ku guru salaku pangatik, sedengkeun diajar dilakukeun ku siswa. Konsep kagiatan diajar bakal dianggap sukses, saupama siswa kalawan aktif ngalaman sorangan proses diajar, lantaran guru henteu bisa ngawakilan siswana diajar. Média pangajaran ngawengku sagala hal boh fisik hardware boh nonfisik, nu digunakeun pikeun guru ngabantu ngaronjatkeun siswa paham kana materi pangajaran. Numutkeun Arif Sadirman, dkk 1993:7, média pangajaran nyaéta sagala hal nu bisa digunakeun pikeun nepikeun pesen ti nu ngirimkeun ka nu narimana, anu bisa ngarangsang pikiran, rasa, karep, jeung minat siswa nu ngabalukarkeun lumangsungna proses diajar. Sedengkeun Oemar Hamalik 1994:12, média pangajaran minangka alat, metode, jeung teknik nu digunakeun dina raraga leuwih ngaktifkeun komunikasi jeung interaksi guru jeung siswa dina proses ngatik jeung ngajar di sakola. Mudhofir 1993:81, médiatéh nyaéta sumber diajar, leuwih jembar média bisa dihartikeun manusa, barang atawa kajadian nu ngabalukarkeun kondisi siswa bisa leuwih gedé kamungkinanana pikeun nyangking pangaweruh, kaparigelan jeung sikep. Jadi,média pangajaran basa Sunda, nyaéta média nu digunakeun dina pangajaran basa Sunda, anu ngawengku alat bantu guru dina ngajar jeung sarana nu bisa nepikeun pesen tina sumber diajar ka nu narima pesen diajar siswa. Saupama program médiatéh didesain jeung dimekarkeun kalawan hadé, ku kituna fungsi étamédiatéh bisa ngawakilan guru dina nepikeun informasi diajar siswa, sok sanajan guruna teu aya. Ngagunakeun média dina pangajaran bisa ngagampilkeun siswa paham kana hiji hal anu abstrak jadi leuwih nyata. Siswa diajar téh ngaliwatan tilu tahap, nyaéta enaktif, ikonik, jeung simbolik. Tahap enaktif nyaéta tahap siswa diajar