Fungsi, Kategori, jeung Harti Unsur Kalimah

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 85 7

a. Subjék jejer

Subjék atawa jejer nyaéta unsur kalimah klausa anu nuduhkeun naon-naon anu dicaritakeun ku panyatur. Contonna : 200 Hujan poyan ngaleutikan. Dina kalimah di luhur, panyatur nyaritakeun hujan poyan. Ieu frasa téh hujan poyan disebut subjék. Subjék atawa jejer téh biasana mangrupa kecap atawa frasa barang nomina atawa nominal jeung klausa nominal, tapi mindeng ogé mangrupa kecap atawa frasa séjénna anu dianggap barang atawa dibarangkeun nominalisasi. Sakapeung jejer téh sok ditandaan ku klitik –na, atawa ku kecap panuduh ieu, téa, mah, atawa ogé. Tempat subjék umumna dina awal klausa atawa hareupeun prédikat. Contona: 201 Barudak keur arulin. 202 Leumpangna kendor pisan. 203 Maca téh henteu babari. Subjék atawa jejer ngandung rupa-rupa harti gramatikal, di antarana, nuduhkeun panglaku, alat, parabot, sabab, pangrandap, hasil, tempat, panarima, nu ngalaman, nu kagolongkeun, jeung nu kajumlahkeun. Contona: 204 Para siswa keur dialajar. 205 Treuk butut ngakutan runtah. 206 Banjir ngaruksak pasawahan. 207 Si Damin dicabok ku Mang Kurdi. 208 Éta masjid téh diadegkeun ku Haji Komar. 209 Kebonna dipelakan ganas. 210 Kuring dibéré buku ku Kang Jalal. 211 Manéhna téh panas tiris. 212 Bapana mah guru SD. 213 Incuna téh opat welas.

b. Prédikat Caritaan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 86 7 Prédikat atawa caritaan nyaéta unsur kalimah atawa klausa anu nuduhkeun naon-naon anu ditetelakeun ku panyatur ngeunaan subjék atawa jejer. Upamana, dina kalimah ieu. 214 Hujan poyan ngaleutikan. Dina kalimah panyatur nyaritakeun hujan poyan anu mangrupa subjék atawa jejer. Ngeunaan hujan poyantéa panyatur netelakeun yén hujan poyantéhngaleutikan. Ieu kecap téh, nyaétangaleutikan, disebut prédikat atawa caritaan. Prédikat atawa caritaan téh bisa mangrupa kecap atawa frasa pagawéan verba atawa verbal, kaayaan adjektiva atawa adjectival, bilangan numeralia atawa numeral, barang atawa nu dianggap barang nomina atawa nominal, jeung frasa pangantét préposisional. Tempat prédikat biasana tukangeun subjék. Sakapeun prédikattéh miheulaan subjék, nyaéta dina kalimah inverse. Contona: 215 Barudak sakola keur maraen bal. 216 Palataran lalening. 217 Anakna lima. 218 Di sawah Mang Karta téh. 219 Bapa kuring téhguru SMU. Prédikat atawa caritaan téh ngandung rupa-rupa harti gramatikal, di antarana nyaéta nuduhkeun pagawéan, kaayaan, kahadiran, panggolong, jumlah, jeung miboga. Contona : 220 Barudak mah laleumpang. 221 Hawana tiispisan. 222 Dulurna mah aya di Jakarta. 223 Si Odi téhsupir taksi. 224 Sarung cap gajah sapuluh kodi. 225 Bibina mah bogaeun toko busana.

c. Objék Udagan