Unsur Maneuh jeung Unsur Obah Kasaluyuan Unsur Kalimah

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 90 7

5. Wangun Kalimah

Wangun kalimah nyaéta rupa-rupa kalimah disawang tina unsur pangwangunna. Wangun kalimah bisa diwincik dumasar kana tilu rupa.

a. Kalimah dumasar kana aya euweuhna klausa pangwangunna

1 Kalimah Klausa Kalimah klausa nyaéta kalimah anu ngandung klausa, boh lengkep boh teu lengkep, ngawengku kalimah salancar jeung kalimah ngantét. Contona: - Madroji keur maca buku - Basa Madroji keur maca buku, kuring datang 2 Kalimah Tanklausa Kalimah tanklausa nyaéta kalimah anu teu ngandung klausa. Contona: - Wilujeng enjing - Aduh

b. Kalimah dumasar kana jumlah jeung warna klausa pangwangunna

1 Kalimah Sampurna Mayor Kalimah sampurna nyaéta kalimah anu diwangun ku klausa bébas tur lengkep. Kalimah sampurna aya dua rupa: Kalimah Susun Baku Normalnyaéta kalimah sampurna anu jejerna miheulaan Caritaan j-C. Contona: - Imas téh gering ripuh. Kalimah Susun Balik Inversinyaéta kalimah anu Jejerna satukangeun Caritaan C-J. Contona: - Gering ripuh Imas téh. 2 Kalimah Teu Sampurna Minor Kalimah teu sampurna nyaéta kalimah anu diwangun ku kecap frasa, atawa klausa kauger tur teu lengkep. Contona: - Ahmad. - Indit PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 91 7 - Iraha?

c. Kalimah dumasar kana jumlah jeung warna klausa pangwangunna

Nilik kana jumlah jeung warna klausa pangwangunna, kalimah aya dua rupa: 1. Kalimah Salancar Tunggal 2. Kalimah Ngantét Rangkepan Kalimah Salancar Tunggal Kalimah salancar nyaéta kalimah anu diwangun ku hiji klausa bébas; diwangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan, boh dibarengan Objék, Panglengkep, jeung Katerangan boh henteu. Nilik kana struktur internalna, kalimah salancar aya dua rupa: kalimah basajan jeung kalimah jembar. Kalimah Salancar Basajan Kalimah basajan nyaéta kalimah anu diwangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan, boh dibarengan Objék jeung Panglengkep boh henteu. Kalimah basajan Sunda mibanda pola dasar nu tangtu. Nilik kana warna unsur caritaanana, kalimah basajan bisa diwincik kieu. Barang Pagawean Sipat Bilangan Frasa PangantétFpt Kalimah Basajan Barang Pola J:B + C:B KALIMAH BASAJAN JEJER: Barang + CARITAAN