Ngaoptimalkeun sumber diajar Lingkunganlatar: lingkungan tempat pesen ditarima ku siswa, upamana :
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015
29
2
urut, nu réa pabalatak di sakola jeung rumah, seperti kertas, kaulinan, cangkang kotak, urut kemasan. Ku miboga kréativitas, bahan-bahan urut nu biasana dipiceun kitu baé,
bisa dimodifikasi jeung didaur-ulang jadi sumber diajar nu miboga hargaan. Kitu deui, dina ngamangpaatkeun lingkungan salaku sumber diajar henteu kudu indit jauh
kalayan biaya nu mahal, lingkungan nusabudeureun sakola jeungdi imah ogé bisa dioptimalkeun jadi sumber diajar nu miboga ajen keur kapentingan diajar siswa. Henteu
saeutik sakola-sakola nu miboga buruan atawa pakarangan nu cukup lega, tapi kaayaanana remen dilurjeunkeun jeung teu kaurus. Saupama éta lahan-lahan téh
dioptimalkeun teu mustahil bakal jadi sumber diajar nu gedé ajenna. Kamekarankaajaiban dinadunya pendidikan Eric Ashby 1997, ngajelaskeun tahap-
tahap kamekaran sumber diajar. Ngabagi kanaopat tahap saperti :
Kahiji, sumber diajar pra-guru. Tahap ieu, sumber diajar utama nyaétajalma dina lingkungan kulawarga atawa
kelompok, sumber sejenna masih arang langka. Barang nu digunakeun wangunnadangdaunan, atawa kulit tangkalsarta bahan simbol jeung isyarat verbal
pikeuneusi pesenna. Pangaweruh nu kacangking leuwih réa ngaliwatan cara coba- coba trial jeung érror balukarna hasilna ogé masih basajan tur mutlak sahandapeun
kontrol kolot siswa atawa anggota kulawarga. Ciri has tina tahap ieu sifatna tertutup jeung rahasia.
Kadua, munculna guru salaku sumber diajar utama. Dina tahap ieu cikal bakalnaayana sakola. Parobahan lumangsung dina cara
ngokolakeun, eusi ajaran, peran jalma, téhnik jeung sajabana. Jumlahna masih kawatesanan jeung dominan peran guru. Kitu deui pangajaran
gumantung kualitas guru. Kauntunganana guru dihormati jeung kalungguhananaluhurbalukarna bisa nangtukeunhasil henteuna pangajaran.
Kahengkerananayen jumlah siswa nu bisa dididik masih kawatesanan jeung pancen guru kacida beuratna.
Katilu, sumber diajar wangun citak. Pancen guru relatif leuwih gampang lantaranayana sumber diajar citak. Siswa bisa
diajarsorangan lamun tacanngarti. Kahengkeranana kadangkalanyusun buku tacan hadé jeung eusina hése kahartinaku sawaréh siswa. Kaunggulanana, materi bisa
disebarluaskeun kalawan gancang jeung lega. Sumber diajar citak ngawengku buku,
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
30
majalah, modul, makalah jeung sajabana. Kaopat, sumber diajar produk téknologi komunikasi. Ieu sumber leuwih dipikawanohku
istilah audio visual aids nyaéta sumber diajar tina bahan audio sora, visual gambar, atawa kombinasi tina duananatina hiji proses pangajaran. Istilah sejenna disebut ogé
média pendidikan nu biasana didesain kalawan leuwih terarah, spesifik jeung saluyujeungkamekaran siswa. Contoh sumber diajar dina tahap ieunyaéta televisi, CD,
radio jeung OHP.