LatihanPancén MODUL BASA SUNDA KK F Imas Final

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 31 2 Kecap sumber hartina nyaéta hiji sistem atawa bagéan tina materi anu ngahaja dijieun atawa disiapkeun kalawan tujuan pikeun méré kesempétan siswa diajar Oemar Hamalik, 1994. Sedengkeun diajar dina hakékatna nyaéta proses robahna tingkah laku sangkan leuwih sampurna saluyu jeung tujuan nu geus ditangtukeun atawa dirumuskeun saméméhna nana Sudjana jeung Ahmad Rivai, 1989 Pedaran ngeunaan harti sumber diajar di luhur, nétélakeun rupa-rupa pamadegan para ahli atikan. Ayana béda pamadengan dibalukerkeun wawasan jeung orientasi para ahli nu béda, tapi nu paling penting yén para ahli geus ngajelaskeun harti sumber diajar. Tina sababaraha pamadengan di luhur, bisa dicokot kecindekken yén sumber diajar téh nyaéta sagala sumber boh daya lingkungan boh pangalaman nu digunakeun, sarta nu jadi pangdeudeul dina proses pangajaran sangkan leuwih éféktif jeung éfésién saluyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Umumna sumber diajar bisa diketegoriken jadi 6 enam jenis, nyaéta: 1. Pesen: informasi nu rék ditepikeun ku komponén sején, bisa mangrupa ide,fakta, makna jeung data. 2.Jalma: jalma nu nyimpen jeung nepikeun pesen diantarana: guru, instruktur, siswa, ahli, nara sumber, tokoh masarakat, pamingpin lembaga, tokoh kerier, jeung sajabana. 3.Bahan: barang-barang nu eusina pesen pikeun ditepikeun ku cara ngagunakeun pakakas, kadang-kadang éta bahan téh geus mangrupa wangun nu siap, contona buku, transparansi, film, slides, gambar, grafik nu dijieun keur pangajaran, réliéf, candi, arca, komik, jeung sajabana.

4. Alat perlengkapan: barang-barang nu digunakeun pikeun nepikeun pesen nu

nyampak dina bahan, upamana: perangkat keras, komputer, radio, televisi, VCDDVD, kamera, papan tulis, generator, mesin, mobil, motor, alat listrik, obeng jeung sajabana

5. Pamarekanmetodetéhnik: prosedur atawa lengkah-lengkah nu tangtu dina

ngagunakeun bahan, alat, posisi tempat, jeung jalma nu nepikeun pesen, upamana disikusi, seminar, ngaréngsékeun masalah, simulasi, kaulinan, sarasehan, paguneman basajan, diskusi, debat, talk shaw jeung sajabana.