Subjék jejer Prédikat Caritaan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 86 7 Prédikat atawa caritaan nyaéta unsur kalimah atawa klausa anu nuduhkeun naon-naon anu ditetelakeun ku panyatur ngeunaan subjék atawa jejer. Upamana, dina kalimah ieu. 214 Hujan poyan ngaleutikan. Dina kalimah panyatur nyaritakeun hujan poyan anu mangrupa subjék atawa jejer. Ngeunaan hujan poyantéa panyatur netelakeun yén hujan poyantéhngaleutikan. Ieu kecap téh, nyaétangaleutikan, disebut prédikat atawa caritaan. Prédikat atawa caritaan téh bisa mangrupa kecap atawa frasa pagawéan verba atawa verbal, kaayaan adjektiva atawa adjectival, bilangan numeralia atawa numeral, barang atawa nu dianggap barang nomina atawa nominal, jeung frasa pangantét préposisional. Tempat prédikat biasana tukangeun subjék. Sakapeun prédikattéh miheulaan subjék, nyaéta dina kalimah inverse. Contona: 215 Barudak sakola keur maraen bal. 216 Palataran lalening. 217 Anakna lima. 218 Di sawah Mang Karta téh. 219 Bapa kuring téhguru SMU. Prédikat atawa caritaan téh ngandung rupa-rupa harti gramatikal, di antarana nyaéta nuduhkeun pagawéan, kaayaan, kahadiran, panggolong, jumlah, jeung miboga. Contona : 220 Barudak mah laleumpang. 221 Hawana tiispisan. 222 Dulurna mah aya di Jakarta. 223 Si Odi téhsupir taksi. 224 Sarung cap gajah sapuluh kodi. 225 Bibina mah bogaeun toko busana.

c. Objék Udagan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 87 7 Objék atawa udagan nyaéta unsur kalimah atawa klausa anu ngalengkepan prédikat atawa caritaan anu mangrupa kecap atawa frasa pagawéan verba atawa verbal transitif sarta bisa dirobah jadi subjék atawa jejer kalimah pasif. Objék biasana mangrupa kecap atawa frasa barang nomina atawa nominal. Contona frasa eusi lomarina dina kalimah 226 Kuring mérésan eusi lomarina. Éta frasa téh eusi lomarina ngalengkepan caritaan anu mangrupa verba transitif mérésan sarta bisa dirobah jadi subjék atawa jejer dina kalimah pasifna: 227 Eusi lomarinadibérésan ku kuring. Objék atawa udagan téh ngandung rupa-rupa harti gramatikal, di antarana nyaéta nuduhkeun pangrandap, panarima, tempat, alat atawa pakakas, jeung hasil. Contona: 228 Kuring ngaluarkeun notes. 229 Dudu mangmeulikeun sapatu keur alona. 230 Patani melakan kebonna ku kalapa sawit. 231 Pulisi mabukkeun pepentung kana sirah demonstran. 232 Jang Suha keur nyieun kamar kontrakan. d. Panglengkep Komplemén Komplemen atawa panglengkep nyaéta unsur kalimah atawa klausa anu ngalengkepan prédikat atawa caritaan anu mangrupa kecap atawa frasa pagawéan verba atawa verbal, semitransitif, bitransitif, jeung kecap atawa frasa kaayaan adjektiva atawaadjectival. Lamun kalimahna bisa dipasifkeun, panglengkep téh henteu robah jadi subjék atawa jejer teu bisa dijadikeun subjék atawa jejer. Komplemén bisa mangrupa nomina, verba, adjektiva, atawa numeralia, boh winangun kecap boh winangun frasa. Contona: 233 Manéhna boga kongkorong titinggal indungna. 234 Salim mangnyieunkeun langlayangan keur anakna. 235 Kuring rumasa salah.