Kagiatan Diajar MODUL BASA SUNDA KK F Imas Final

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 16 4. Maca tingkesan materi. 5. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitaor lamun aya bangbaluh ngeunaan materi dina Kagiatan Diajar I.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Pangajaran basa Sunda ditantukeun ku sababaraha faktor, boh faktor linguistik, boh faktor non lingguistik. Tuliskeun rupa-rupa faktor non linguistik. 2. Jelaskeun sacara singget pentingna média pangajaran basa Sunda pikeun ngabantu siswa dina pangajaran basa Sunda 3. Jentrékeun sababarah média pangajaran anu bisa digunakeun dina pangajaran basa Sunda 4. Jelaskeun sacara singget naon nu disebut poster 5. Jieun conto pangajaran basa Sunda anu maké média pangajaran flashcards

F. Tingkesan

Média pangajaran basa Sunda kacida pentingna pikeun ngabantu siswa nyangking konsep anyar, kaparigelan jeung kompeténsi basa. Réa pisan média nu bisa digunakeun dina proses pangajaran, tapi guru kudu parigel dina milih média pangajaran basa Sunda. Sababaraha média pangajaran anu bisa digunakeun dina pangajaran basa Sunda, nyaéta: 1. white board papan tulis bodas miboga bagean anu bodas nyeplas, rada hérang anu bisa ditulisan ku pulpén atawa spidol husus nu warna-warni sarta gampil dipupus; 2. poster salahsahiji média pangajaran anu aya gambaran, dijieun pikeun narik perhatian anu bisa ngomunikasikeun carita, fakta, ide, atawa gambar kalawan leuwih gancang tur jentré.; 3. flascards, nyaéta kartu leutik aya gambar atawa sImbol bisa digunakeun dina pangajaran atawa pagawéan ngabangun wangunan.Di kelas flashcards biasana digunakeun pikeun ngajarkeun kabeungharan kecap atawa maca. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 17 1

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana Materi ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Ngawasaa = x 100 5 Tahap ngawasaa Materi ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasaa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun Materi kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap ngawasaa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres Materi dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna Materi nu can dikawasa.