Harti Kecap Kantétan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 93 4 5 Kecap Kantétan Pancén Kecap kantétan pancén nyaéta kecap kantétan anu nuduhkeun warna kecap pancén. Contona: ku kituna, parandéné kitu, sok sanajan, sigana baé, moal boa. Adegan kecap kantétan pancén diwangun tina: a KP + KPt : nepi ka, aya ku b KPan + KPan : moal boa, teu wudu, nga ukur c KPan + KPt : jaba ti, lian ti, sajaba ti d KPan + KPany : sok sanajan e KPan + KB : nya éta, teu pati, teu sakumaha f KPan + KB + KPan : nya kitu kénéh, pon kitu deui g KPt + KB : di antarana, di hareupeun, ku jalan, ku cara, ku kituna h KPt + KPany : ku sabab, ku lantaran, ti barang i KPT + KPany + KB : ku sabab kitu, ku lantaran kitu j KPany + KPany : da bongan, nu matak k KPany + KPan : mun seug, lamun seug, komo deui l Proleksem + Proleksem : singsarwa m KS + KBil : salahsahiji, salahsaurang

d. Harti Kecap Kantétan

Runtuyan kecap-kecap anu ngawangun kecap kantétan umumna henteu ngahasilkeun ma’na gramatikal, tapi ilaharna mah ma’na husus anu mandiri. Harti dina kecap kantétan umumna hésé disungsi hartina lantaran ngawangun harti anyar. Najan kitu, aya sababaraha kecap kantétan anu bisa kénéh kapaluruh harti gramatikalna saperti ieu di handap Sudaryat, 2013:84-152. 1 Harti Kecap Kantétan Barang Kecap kantétan barang boga sababaraha harti, di antarana waé: a harti ‘tempat’: buku tulis, méja makan, kamar mandi. b harti ‘waktu migawéna’: dahar isuk, solat peuting c harti ‘jinis’: suuk kulub, sangu liwet, cau ambon. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 94 4 d harti ‘hasil’: kulub suuk, sangray jagong, seupan cau e harti ‘asal’: dodol garut, tahu sumedang, peuyeum bandung. f harti ‘tambahan’: indung bapa, nini aki, adi lanceuk g harti ‘bahan’: peti beusi, korsi hoé, jékét kulit h harti ‘saméméh’: praduga, prasaran, prasajarah i harti ‘sabada’: pascasarjana, pascapanén j harti ‘ahlitukang’: sastrawan, wartawati, budayawan, seniman 2 Harti Kecap Kantétan Pagawéan Kecap kantétan pagawéan boga sababaraha harti, di antarana waé: a Harti ‘tambahan’: tepung lawung b Harti ‘alat’: maén bal, ngadupanggal c Harti ‘ngeunaan hal’: unjuk uninga d Harti ‘pabales-bales’: silihsimbeuh, silihgitik e Harti ‘giliran’:pilihgenti, silihgenti f Harti ‘paunggul-unggul kompetitif’: silihudag g Harti ‘kalakuan teu tangtu’: barangtanya, barangbeuli h Harti ‘jama ngalakukeun’: padadatang, padamelong i Harti ‘dinakana’: nulak cangkéng, nanggeuy gado j Harti ‘dina waktu’: salat peuting, dahar sore 3 Harti Kecap Kantétan Sipat Kecap sipat kantétan miboga harti, di antarana waé: a Harti ‘jeung’: handap asor, runtut raut, harung gampung b Harti ‘saperti’: saur manuk c Harti ‘ka’: beurat sabeulah d Harti ‘ngeunaan’: pinter kodék, seukeut deuleu, hideung santen 4 Harti Kecap Kantétan Bilangan Harti kecap bilangan kantétan, di antarana waé: a Harti ‘jumlah’: sarebu lima ratus dua b Harti ‘titikelan’: dalapan urang, lima héktar c Harti ‘jumlah bilangan kali hiji...’: opat welas, lima ratus PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 95 4 d Harti ‘nepi kawates: dua tilu urang, lima genep kali mah e Harti ‘panyarta ka-... jeung’: katilu budak, kadua pamajikan 5 Harti Kecap Kantétan Pancén Kecap kantétan pancén mibanda sababaraha harti, di antarana: a Harti ‘miluhur’ elatif: aya ku, teuing ku b Harti ‘kamungkinan’: moal boa c Harti ‘pangwates’: ngan ukur, ngan sakadar d Harti ‘miyuni’ atenuatif: teu pati, teu sakumaha, teu sabaraha e Harti ‘pilihan’: salahsahiji, salahsaurang, salahsawios f Harti ‘kadalon’ eksesif: liwat saking, béak karep g Harti ‘kahéran’: manahoréng h Harti ‘sarat’ kondisional: mun seug, lamun seug, komo deui i Harti ‘pangjumlah’: jaba ti, lian ti, sajaba ti j Harti ‘panganteb’: nya kitu kénéh, pon kitu deui, pon kitu kénéh k Harti ‘sabab’: ku sabab, ku lantaran l Harti ‘panyindek’: ku sabab kitu, ku lantaran kitu, ku kituna m Harti ‘hasil’: nu matak da bongan n Harti ‘ngaku’ konsésif: sok sanajan o Harti ‘tumuluy’ kontinuatif: geus kitu, sanggeus kitu p Harti ‘waktu’ témporal: ti barang, ti mimiti q Harti ‘cara’ sirkumtansial: ku cara, ku jalan r Harti ‘akibat’ konsékutif: nepi ka s Hart i ‘tempat’: di gigireun, di hareupeun, di tukangeun t Harti ‘pangbanding’: ti batan, ti manan, alah batan, alah manan u Harti ‘bagian”: di antara v Harti ‘sagala’: singsarwa w Harti ‘konéktif’: nyaéta x Harti ‘mokaha’: teu wudu y Harti ‘mupuas’: hag siah z Harti ‘umajak’: yu atuh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 96 4

3. Kecap Wancahan