Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 72 3

F. Tingkesan

Kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu. Minangka bagian kalimah pangleutikna, kecap miboga wangun atawa adegan nu tangtu. Ari wangun atawa adegan kecap téh mangrupa wujud kecap disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas disebut kecap salancar, ari anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan atawa kecap jembar. Kecap asal atawa kecap salancar mibanda watek nu tangtu. Aya lima watek kecap asal, nyaéta kecap asal ékaengang, kecap asal dwiengang, kecap asal triengang, kecap asap caturengang, jeung kecap asal pancaengang. Adegan kecap asal ilaharna disawang tina adegan engangna. Aya 12 pola engang dina kecap, 6 pola engang sampakan jeung 6 pola engang serepan. Kecap rundayan nyaéta kecap rékaan atawa kecap jembar anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén kana wangun dasarna. Disawang tina tempat cicingna, aya rupa-rupa rarangkén, nyaéta rarangkén hareup préfiks, rarangkén tengah infiks, rarangkén tukang sufiks, rarangkén barung konfiks, jeung rarangkén gabung ambifiks. Rarangkén dina basa Sunda kaitung réa, aya 14 rarangkén hareup, 3 rarangkén tengah, 7 rarangkén tukang, 11 rarangkén barung, jeung 14 rarangkén gabung. Dina prosés ngawangun kecap rundayan, rarangkén téh mibanda fungsi jeung harti. Upamana waé, rarangkén hareup ba- mibanda fungsi ngawangun kecap pagawéan nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan’.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 73 3 Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkemmatéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana kagiatan diajar IV. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina kagiatan diajar III, pangpangna bahan nu can dicangkem. Réfléksijeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitasn prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun kaweruh adegan kecap asal jeung rundayan basa Sunda, Sadérék bisa nyont réng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis adegan kecap basa Sunda kalawan ngalarapkeun ajén- inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- Paatkeun hasil analisis adegan kecap basa Sunda kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 74 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 75 4 KAGIATAN DIAJAR 4 ADEGAN KECAP RAJÉKAN, KANTÉTAN, JEUNG WANCAHAN

A. Tujuan