Adegan Kecap Asal Kecap Asal

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 59 3 bo lo ko ton do Engang 1 2 3 4 5

c. Adegan Kecap Asal

Adegan kecap asal mangrupa wangunan kecap asal disawang tina adegan engangna. Ari adegan engang téh nyoko kana wangun engang disawang tina susunan fonem anu jadi pangwangunna. Adegan engang mangrupa vokal, atawa pabaurna vokal jeung konsonan dina ngawangun engang silaba. Jadi, adegan engang téh raket patalina jeung pola katut wangunan engang Sudaryat Spk., 2013. Wangunan engang nyaéta susunan vokal atawa pabaurna vokal jeung konsonan dina hiji engang. Aya dua gundukan pola engang dina kecap asal basa Sunda, nyaéta 1 pola engang sampakan jeung 2 pola engang serepan. 1 Pola Engang Sampakan Pola engang sampakan nyaéta pola engang anu dianggap tulén atawa asli dina basa Sunda. Aya genep pola engang sampakan dina basa Sunda saperti dipidangkeun ieu di handap. 1 V : a-ya, i-mah, u-bar, é-céng, o-go, e-ma, eu-ceu 2 VK : an-cin, ing-kig, un-cal, en-tog, jste. 3 KV : kon-ci, ca-i, ba-pa, na-on, re-a, jste. 4 KVK : buk-ti, tun-duh, kon-ci, en-tog, jste. 5 KKV : bru-bro, ge-bro, ti-bra, nyong-clo, jste. 6 KKVK : ra-cleng, nga-jleng, gu-brag, jsté. 2 Pola Engang Serepan Pola engang serepan nyaéta pola engang anu dianggap serepan tina basa kosata asing. Aya genep pola engang serepan basa Sunda anu asalna tina basa kosta saperti ieu di handap. 1 VKK : ons, éks 2 KVKK : téks, kon-téks 3 KKVKK : kom- pléks PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 60 3 4 KKKV : stra-té-gi, stra-ta 5 KKKVK : struk-tur, in-struk-si 6 KVKKK : korps Pancén Pikeun ngajeroan panyangkem Sadérék kana bahan nu geus dipedar di luhur, pék ayeuna pigawé latihan ieu di handap kalawan kréatif jeung tanggung jawab. Baca téks ieu di handap NÉNG YAYA GERING TIPES “Ya, Yaya Ieuh sing éling” “Muji Babacaan sing émut” Ceuli nu gering hantem ditiupan. Panonna dibeunta-beuntakeun. Sukuna duanana dicekelan, bari dicoco indung sukuna. “Astagfirullah al adim Astagfirullah al adim Astagfirullah al adim” Bi Imi ngecewis babacaan bari rada ditompokeun kana ceuli nu gering; nu gering ngabeléng baé. Mang Endang salaki Bi Imi, ngajengjen baé Barang Bi Imi ngarérét ka salakina, Mang Endang kalah tungkul muru ka panto. Pokna ngomong lalaunan: “Sukirta, susulan Mama Asmawi Buru- buru sina ka dieu” “Ya, sing éling Babacaan geulis, babacaan”, buuk nu gering diliglagkeun, tarangna nu renung ku késang disusut ku saputangan, “Ya, geulis Ieu Ema”, omong Bi Imi semu lewa-lewé, “Astagfirullah al adim Astagfirullah al adim Astagfirullah al adim Kun kuliyah asyhadu alla ilaha illallah, wa asyhadu anna Muhammadar rosulullah. Ya narakuni, bardan wassalaman alaya kama bardan wasalaman ala Ibrahim” Emana, bapana, lanceuk-lanceukna, tatangga-tatanggana jeung sakur nu araya di dinya iwal ti budak, barabacaan, pating kucuwes, pating kecewis sabisa-bisa. Di luareun panto kamer, mimiti kadéngé aya nu tingalingsreuk Haseup menyan mimiti ngebekan imah Ngeplek, ambeuna nyaliara matak eungap ngambekan. Peuting harita taya saurang anu saré, lian ti barudak leutik. Kabéh nyararing bari barabacaan. Aya nu ngaji Yasin meunang sababaraha balik, aya nu maca Fathihah, Al Ihlas, jeung Falak-Binnas mangpuluh-puluh balik. Malah Uana mah maké ngecewis mapatkeun jangjawokan sagala Teuing parancah kétah, da teu pati sidik, ngan basa Arab pagalo jeung basa Jawa direumbeuy ku basa Sunda buhun PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 3 Dicutat tina Carpon “Néng Yaya Gering Tipes” Karya Karna Yudibrata

4. Kecap Rundayan