Kecap Rundayan Wangenan Kecap Rundayan Rarangkén minangka Pangwangun Kecap Rundayan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 3 Dicutat tina Carpon “Néng Yaya Gering Tipes” Karya Karna Yudibrata

4. Kecap Rundayan

1. Wangenan Kecap Rundayan

Kecap rundayan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén afiks kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan disebut ngararangkénan afiksasi. Cara nuliskeun rarangkén téh dihijikeun kana kecap anu diwuwuhanana.

2. Rarangkén minangka Pangwangun Kecap Rundayan

Rarangkénatawa afiks nyaéta morfém kauger anu sok diwuwuhkeun tur napel kana wangun dasar bari miboga harti gramatikal. Contona, di- dina kecap dibaju. Disawang tina cara jeung tempat napelna, aya lima rupa rarangkén, nyaéta Sanggeus maca téks di luhur, pék pigawé pancén ieu di handap 1 Catet sakabéh kecap asal tina éta téks kalawan disiplin 2 Pasing-pasing éta kecap asal téh luyu jeung watékna kalawan kréatif 3 Rumuskeun pola engang tina éta kecap asal téh kalawan kukuh pamadegan 4 Tangtukeun mana kecap asal tulén jeung kecap asal serepan 5 Sebutan kecap asal nu teu bisa dijadikeun dasar ngawangun kecap Rékaan kalawan kréatif jeung gawé bareng PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 3 a Rarangkén hareup awalan, préfiks, anu napel di hareupeun dasar saperti: ba-, di-, ka-, ti-, N-, pa-, pang-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, ti-, ting- b Rarangkén tengah seselan, infiks, anu diseselkeun di tengah dasar saperti -ar-, -al-, -um-, -in-. c Rarangkén tukang ahiran, sufiks, anu napel di tukangeun dasar saperti: -an. -eun, -keun, -na, -ing-ning. d Rarangkén barung barungan, konfiks, nu mangrupa rarangkén tunggal minangka barungan tina dua rarangkén, biasana napel di hareup jeung tukangeun dasar saperti ka==an, kapi-, pa==an, pang==na, pang==keun, pi==eun, pika-, pika==eun, sa==eun, jeung sa==na. e Rarangkén bareng atawa gabung ambifiks, anu mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih tur napelna kana wangun dasar teu binarung, tapi bareng wungkul saperti di-+-ar-, di- + -an, di- +-ar-+-an, di-+-keun, di-+-ar-+-keun, di-+pi-, di-+pika-, di- + pang-+- keun, di- + pang-+ N-+-keun, di-+pang-N-+-ar-+-keun, di-+pang-N-+- ar-+-an+keun, N- + -ar-, N-+-an, N-+-ar-+-an, N- + -keun, N-+-ar-+- keun, N-+ pi-, N-+ pika-, N-+ pang-+-keun, ka- + -keun, pa-+ N-, pang- + dipika- + -na, pang- + N-+pika- + -na, ting- + -ar-Sudaryat, 2013:55.

3. Ngawangun Kecap Rundayan