Kagiatan Diajar LatihanPancén

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 46 2 7. Média jeung sumber diajar 8. Basa nu dipaké

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa gawé bareng dina diskusijeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap kalawan tanggung jawab 1. Kumaha urgénsina pangajaran basa jeung sastra Sunda? 2. Kumaha patalina fungsi jeung tujuan pangajaran basa jeung sastra Sunda? 3. Kumaha padika ngajarkeun basa jeung sastra Sunda di daérah Jawa Barat anu murid-muridna aya di lingkungan nu teu maké basa Sunda? 4. Sarat naon waé nu kudu dicumponan ku bahan ajar basa jeung sastra Sunda? 5. Kumaha carana milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda? Aspék- aspék naon waé nu kudu aya dina wengkuan bahan ajar? PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 47 2 6. Bahan ajar basa kudu niténan kaédah basa anu bener tur makéna anu merenah. Landasan naon nu kudu dipaké lamun rék nyusun bahan ajar basa samodél kitu? Naon sababna? 7. Kumaha lamun prinsip spiral dipakaitkeun kana landasan pedagogik? 8. Tétélakeun perkara keterbacaan matéri jeung keterbacaan basa dina bahan ajar basa jeung sastra Sunda 9. Kumaha larapna prinsip gumulung integratif dina pangajaran basa jeung sastra Sunda? Pék contoan 10. Naon maksudna kamampuh kognitif murid SD kagolong kana mangsa adolence dina tahap formal operation?

F. Tingkesan

Bahan ajar dina hiji mata pelajaran atawa widang studi ditangtukeun dumasar kana kurikulum. Dina kurikulum diruntuykeun rupa-rupa bahan ajar nu kudu diajarkeun ku guru ka murid. Ku lantaran réa bahan ajar nu kudu diajarkeun, guru kudu parigel dina milih jeung milah bahan ajar. Bahan ajar digunakeun ku guru jeung murid dina prosés pangajaran. Ari pangajaran basa jeung sastra Sunda téh mibanda urgénsi, kalungguhan, jeung fungsi nu tangtu. Leungitna pangajaran basa jeung sastra Sunda bakal jadi mamala lantaran bakal leungit salasahiji warisan sosial-budaya Sunda nu pohara pentingna. Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana hésé babarina, kasaluyuan jeung kamekaran umur murid, lega heureutna bahan, heula pandeurina bahan, jeung cara nepikeunana. Sanggeus ditangtukeun, bahan ajar kudu dipilih dumasar kana 1 tujuan, 2 ajén-inajén pikeun kahirupan, 3 ajén- inajén warisan karhun, 4 salasahiji paélmuan, sarta 5 luyu jeung kabutuh katut minat murid. Tujuan nyusun bahan ajar pikeun nyadiakeun matéri ajar, mantuan murid nyungsi bahan ajar, jeung mantuan guru dina prosés ngajar. Dina nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda aya dalapan prinsip nu perlu dititénan, nyaéta 1 spiral, 2 prinsip miharti jeung miguna, 3 prinsip pakait, 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 48 2 prinsip tématis, 5 prinsip komunikatif, 6 prinsip gumulung, 7 prinsip kaoténtikan, jeung 8 prinsip évaluatif. Sangkan bahan ajar bisa gedé mangpaatna dina prosés pangajaran, bahan ajar basa jeung sastra Sunda kudu disusun dumasar kana tilu landasan, nyaéta a landasan paélmuan, b landasan pédagogik, jeung c landasan keterbacaan. Dina nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda aya sawatara padika nu perlu diengetan, di antarana waé, 1 baca kurikulum, 2 catet SK KI jeung KD, 3 pasing-pasing bahan luyu jeung lawungan, 4 susun indikator tur patalikeun kana warna jeung wangun wacana, 5 tangtukeun runtuyan kegiatan, dan 6 nyusun tur mekarkeun bahan ajar.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku