Kecap Rundayan Dirarangkénan Tukang Kecap Rundayan Dirarangkénan Barung

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 3 morfém anu jadi wangun dasarna. Rarangkén tengah –ar- robah jadi alomorf: i. –al- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku foném l atawa ditungtungan ku foném r: -ar- + bageur  balageur -ar- + leuleus  laleuleus ii. ar- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem vokal: -ar- + anjeun  aranjeun -ar- + isin  arisin iii. ra- amu dilarapkeun kana wangun dasar nu ngan saengang tur diimitian ku konsonan: -ar- + beng  rabeng -ar- + clok  raclok Conto kecap dirarangkénan tengah-ar- séjénna: barudak, bareurang, marandi, garelut, barodo, gareulis, jarangkung 2 Rarangkén Tengah –in-: tinulis, ginanjar, sinerat, sinatria 3 Rarangkén Tengah –um-: gumeulis, sumujud, kumawula

c. Kecap Rundayan Dirarangkénan Tukang

Rarangkén tukang mangrupa rarangkén anu ditapelkeun di ahir atawa diwuwuhkeun di tukangeun wangun dasarna.Ku kituna, rarangkén tukang sok disebut ahiran sufiks. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tukang disebut ngararangkenan tukang sufiksasi. 1 Rarangkén Tukang –an: gantungan, wadahan, babarian, puluhan 2 Rarangkén Tukang –eun: dahareun, alaeun, kuuleun, éraeun 3 Rarangkén Tukang –keun: beubeurkeun, cindekkeun, tuliskeun 4 Rarangkén Tukang –na Rarangkén tukang –na baga alomorf –ana jeung –nana. Rarangkén tukang –na robah jadi: 1 –anamun ngantét kana wangun dasar nu dirarangkénan–eun: araheun + -na  araheunana cooeun + -na  cooeunana PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 3 2 -nana mun ngantét kana wangun dasar nu ngan dua engang: éta + -na  étanana dua + -na  duanana 5 Rarangkén Tukang –ing-ning Rarangkén tukang –ning boga alomorf –ing mun dikantékeun kana wangun dasar nu ditungtungan ku konsonan. Contona: 1 –ing  awahing, mungguhing, bakating 2 –ning  éstuing, kersaning, wantuning. 6 Rarangkén Tukang –man-wan-wati Rarangkén tukang –man-wan-wati mibanda fungsi pikeun ngawangun kecap barang anu hartina ‘ahlitukang’. Contona: budiman, wartawan, sastrawati.

d. Kecap Rundayan Dirarangkénan Barung

Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan jeung rarangkén séjénna dina waktu ngawangun kecap rundayan. Ku kituna, rarangkén barung sok disebut barungan konfiks. Saenyana, konfiks mangrupa singgetan tinakonfigurasi afiks, nyaéta rarangkén anu cicingna misah tapi barung dina ngawangun kecap. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén barung disebut ngararngkénan barung konfiksasi. Ciri utama kecap nu kakeunaan ku rarangkén hareup lamun salasahiji rarangkénna dipisahkeun, éta kecap taya hartian. 1 Rarangkén Barung ka —an: kadaharan, kabupatén, kaalaman 2 Rarangkén Barung kapi-: kapibapa, kapiadi, kapilanceuk. 3 Rarangkén Barung pa —an: pasawahan, pabéasan, pamohalan. 4 Rarangkén Barung pang —keun: pangmawakeun, pangmeulikeun, 5 Rarangkén Barung pang —na: pangbageurna, panggeulisna 6 Rarangkén Barung pi —an: pilemburan, pileumpangan 7 Rarangkén Barung ting —ar-: tinggaluher, tingraringkel 8 Rarangkén Barung pika-: pikabogoh, pikameumeut, pikangéwa. 9 Rarangkén Barung pika —eun: pikangéwaeun, pikalucueun. 10 Rarangkén Barung sa —an: sabréhan, sakedapan, sajongjongan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66 3 11 Rarangkén Barung sa —eun: sahandapeun, sahoseun, sakalieun, 12 Rarangkén Barung sa —na: saalusna, sapinterna, saenyana

e. Kecap Rundayan Dirarangkénan Gabung