Kasang Tukang Modul E PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL E 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Bahan ajar téh kaasup salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran, lima komponén séjénna nyaéta tujuan pangajaran, kurikulum jeung bahan ajar, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, média jeung sumber diajar, sarta évaluasi pangajaran. Bahan ajar dina Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda gurat badagna ngawengku bahan ajar basa Sunda jeung bahan ajar sastra Sunda. Wengkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda téh kaitung lega ambahanana. Ku kituna, bahan ajar anu nyampak téh kudu dipilih, ditangtukeun, tur dipatéahkeun. Wengkuan bahan ajar basa Sunda nyoko kana kalungguhan jeung fungsi basa Sunda, adegan basa saperti sora basa, wangun kecap, warna kecap, kandaga kecap, jeung wangun kalimah. Salasahiji bahan ajar basa Sunda, nyaéta wangun kecap kaasup kana salasahiji pakakas kalimah alat sintaksis. Disebut kitu sotéh lantaran ku ayana wangun kecap, urang bisa ngabédakeun wangun jeung harti kalimah nu hiji tina kalimah séjénna. Upamana waé, bédana kalimah aktif jeung kalimah pasif ditangtukeun ku wangun kecap. Kalimah aktif diwangun ku caritaan nu mangrupa kecap pagawéan dirarangkénan hareup N- nasal, ari kalimah pasif diwangun ku caritaan nu mangrupa kecap pagawéan dirarangkénan hareup di-. Ku kituna, dina diajar basa Sunda, urang perlu weruh kana wangun kecap lantaran salah ngalarapkeun wangun kecap dina kalimah bisa salah harti. Ari wengkuan bahan ajar sastra Sunda nyoko kana wangun jeung warna karya sastra. Wangun karya sastra Sunda nyoko kana wangun lancaran prosa fiksi, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Disawang tina warnanana, aya 1 karya sastra wangun lancaran nu ngawengku dongéng, carita pondok, jeung novél; aya 2 karya sastra wangun ugeran nu ngawengku mantra, kakawihan, kawih, pupujian, sisindiran, guguritan, wawacan, jeung sajak; aya deui warna karya sastra campuran saperti carita pantun; sarta 3 karya sastra wangun guneman PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 saperti drama, gending karesmén, jsté. Salasahiji di antara éta warna karya sastra Sunda téh, nyaéta wawacan bakal dipedar dina ieu kagiatan diajar. Ieu modul téh ngadumaniskeun antara tiori pédagogik jeung kaprofésionalan kana konsép ngukuhan atikan karakter anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nyaéta religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Ajén religiius bisa katingali tina paripolah ngalaksanakeun ibadah jeung kataatan kana ajaran agama nu diagemna, ngajénan kana rupaning agama, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. Ajénnasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. Ajénmandiri bisa katitén tina sikep anu teu gumantung ka nu séjén jeung daék mikir tur bajoang pikeun ngahontal harepan jeung angen-angen. Ajéngotong royong ébréh tina paripolah anu daék gawé bareng, rempug jukung sauyunan dian nyanghareupan pasualan, resep nyarita jeung teu kurung batok, sarta daék nulung ka nu butuh nalang ka nu susah. Panungtung, Ajénintegritas mangrupa ajén anu ngadadasaran hiji jalma dina ngalaksanakeun pagawéan sangkan bisa dipercaya, boga komitmen jeung tuhu kana ajén kamanusaan katut moral. Lima ajén-inajén di luhur ngajanggélék dina proses pangajaran nu aya dina ieu modul. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuhna tur ngalarapkeun ajén-inajénpenguatan pendidikan karakter PPK dina hirup kumbuh sapopoé,boh keur dirina sorangan boh népakeun ka nu séjén.

B. Tujuan