PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
16
KD
1
4. Nangtukeun Bahan Ajar Sastra Sunda
a. Wangenan Sastra
Ari kecap sastra téh asalna tina basa Sangsekerta, castra nu hartina buku pangajaran; élmu pangaweruh; naskah; buku-buku suci. Kiwari éta harti
téh jadi ngaheureutan nya éta karya seni nu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan.
Karya sastra téh mangrupa bagian tina salah sahiji cabang tina kabudayaan nyaéta kasenian. Ilaharna kasenian, karya sastra ogé
mibanda unsur kaéndahan éstétis. Éta kaéndahan téh bisa nimbulkeun rasa kagagas, kataji, resep, ni’mat, sarta rasa lianna anu patali jeung
kasugemaan jiwa nu macana. Lian ti bisa nyugemakéun sastra ogé gedé pisan ajénna atawa guna jeung mangpaatna. Sastra téh enas-enasna
mah bisa mangaruhan sarta bisa nimbulkeun kamungkinan-kamungkinan wawasan anu jembar tur anyar anu didadasaran ku ajén kamanusaan. Ku
kituna, Rusyana 1982:3 nétélakeun yén sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun
ngaliwatan médium basa.
Karya sastra téh mangrupa ébréhan ngeunaan masalah-masalah hirup jeung huripna manusa. Hakékat jeung gambaran kahirupan manusa, tina
rupa-rupa pangalaman, parasaan, idé manusa bisa kaébréhkeun dina sastra. Hal ieu luyu jeung pamadegan Sumarjo Saini KM. 1994:3, anu
nétélakeun yén “sastra adalah ungkapan pribadi manusia yang berupa pangalaman, pemikiran, ide semangat keyakinan dalam suatu bentuk
gambaran kongkrit yang membangkitkan perasaan dengan alat bahasa.
” Dina karya sastra ogé digambarkeun kasusah manusia, perjuangan, silih
asih, pagétréngna pacéngkadan jeung papada manusa atawa naon- naon hal anu nyangkaruk, anu kaalaman, anu kapanggih dina kahirupan
masarakat sapopoé réalitas objéktif. Réalitas objéktif téh bisa mangrupa kajadian-kajadian, norma-norma atawa ajén-inajén, sawangan hirup anu
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
17
1
1
aya di masarakat. Cindekna, karya sastra téh mangrupa ébréhan éksprési nu patali jeung masalah-masalah hirup jeung huripna manusa.
Basa dina karya sastra dipaké alat pikeun ngahontal ajén-inajén éstétika kaéndahan. Carana tangtu bisa rupa-rupa. Bisa ngagunakeun
purwakanti, gaya basa, pakeman basa, dicokot harti injeumanana ,jeung sajabana. Basa dina karya sastra henteu kudu basa “kabujanggan” baé.
Anu disebut basa kabujanggan téh kekecapan, ungkara kalimah atawa rakitan basa nu dianggap pinunjul, anu tadina biasa dipaké ku para
bujangga dina karangan. Basa nu ku urang dipaké dina paguneman sapopoé ogé bisa dipaké dina karya sastra. Anu penting lebah ngolahna
éta basa luyu jeung eusi nu hayang ditepikeun dina karya sastra.
Dina karya sastra alat jeung “eusi” téh gumulung enggoning ngawujudkeun ajén-inajén éstétis karya sastra. Upama basana wungkul
nu éndah, bisa jadi éta karya sastra ngan ngeunah kadéngéna atawa dibacana wungkul, tapi euweuh pupurieunana. Sabalikna, upama eusina
alus tapi henteu digelarkeun ngagunakeun basa nu alus, bisa jadi éta karya téh “garing” atawa ”gejed”. Gedé kamungkinan eusina anu hadé téh
moal nepi ka nu maca atawa ngadéngékeun. Ari eusi karya sastra ngurung sajumlahing masalah kahirupan manusa. Bisa mangrupa
masalah cinta, rumah tangga, rumaja, kajiwaan, pulitik, jsb.
b. Wangun Karya Sastra