Latihan Tingkesan Modul E PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL E 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 23 1 1 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina diskusijeung kancamitra séjénna.

E. Latihan

Jawab sakur pananya atawa paréntah ieu di handap 1. Kumaha ceuk pamadegan Sadérék perkara bahan ajar? 2. Keur naon gunana bahan ajar dina prosés pangajaran basa? 3. Sebutkeun sasaruaan jeung bédana antara paguneman jeung wawancara? 4. Kumaha patalina téma jeung bahan ajar basa Sunda? 5. Tétélakeun gurat badagna bahan ajar basa Sunda? 6. Tétélakeun pangna sastra dianggap situasi gembleng tina karya seni 7. Tétélakeun bédana karya sastra prosa jeung puisi 8. Naon sababna pangajaran sastra kudu nyoko kana trisula: aprésiasi, rekréasi, jeung ré-kréasi? 9. Kumaha ambahan bahan ajar sastra Sunda di SMP? 10. Tétélakeun perkara aprésiasi sastra jeung éksprési sastra dipatalikeun kana kaparigelan basa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis

F. Tingkesan

Bahan ajar nyaéta beungkeutan matéri anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka kawangun lingkungan atawa suasana nu ngagiring murid pikeun diajar. Bahan ajar gedé gunana pikeun guru minangka tuturus dina aktivitas ngajarna, pikeun murid minangka tuturus dina aktivitas diajar, sarta alat évaluasi dina ngahontal hasil diajar. Ambahan bahan ajar basa patali jeung matéri pokokaweruh basa. Kaweruh basa nyoko kana konsép basa, anu patali jeung unsur basa katut kaédah basa. Diajarkeunana matéri poko kudu dipatalikeun kana kagiatan makéna basa nyarita, ngaregepkeun, nulis, jeung maca. Eusi kamahéran basa nyoko kana téma kahirupan sosial budaya. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 24 KD 1 Pangajaran basa diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna basa, kamahéran basa, atawa kaparigelan basa. Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék kamahéran basa. Sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Élmu anu ngulik sastra disebut élmuning sastra. Aya tilu widang élmuning sastra, nyaéta sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Karya sastra Sunda ngawujud dina wangun lancaran prosa, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Dina karya sastra kakandung rupa-rupa ajén kahirupan manusa nu bisa dijadikeun eunteung ku nu macana. Pikeun nepikeun ajén kahirupan dina karya sastra perlu ditepikeun ka anak incu ku cara diajarkeun. Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan murid mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra. Pangalaman sastra nyoko kana pangalaman aprésiasi sastra jeung pangalaman éksprési sastra. Bahan ajar sastra anu ditepikeun ngawengku narasi, dongéng, carpon, pangalaman pribadi, mantra, pupuh, guguritan, wawacan, carita pantun, pupujian, kakawhan, rumpaka kawih, sisindiran, sajak, novel, jeung drama.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku