Hakékat Bahan Ajar

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 KD 1

C. Pedaran Matéri

Ieu pedaran matéri téh nyoko kana ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda di SD. Pék baca dina jero haté ku Sadérék tur sawalakeun jeung nu séjén kalawan pinuh ku rasa tanggung jawab.

1. Hakékat Bahan Ajar

Bahan ajar babarengan jeung kurikulum mangrupa salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran. Lima komponén pangajaran séjénna nyaéta tujuan pangajaran, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, média pangajaran, jeungévaluasi pangajaran. Minangka salasahiji komponén tina sistem pangajaran, bahan ajar teu bisa leupas tina kurikulum. Ieu bisa dipikaharti lantaran dina milih jeung milah bahan ajar didadasaran ku kurikulum anu dipaké. Lamun bahan ajar nu dipidangkeun ku guru ka murid teu luyu jeung gurat badag kurikulum, bahan ajar téh dianggap nyimpang. Dina enas-enasna bahan ajar téh nyaéta matéri ajar nu dipidangkeun ku guru ka murid dina prosés pangajaran. Bahan ajar bisa ditukil tina rupa-rupa sumber saperti buku, majalah, koran, atawa sumber séjén. Bahan ajar nu sumberna tina buku, utamana buku ajar, ilaharna geus disusun kalawan ngéntép seureuh sistimatis lantaran éta bahan téh mangrupa susunan ti nu nulis buku. Ari bahan ajar nu sumberna tina bahan séjén saperti karya sastra, majalah, jeung koran kudu diracik heula ku guru saméméh dipidangkeun ka murid di jero kelas. Bahan ajar mangrupa informasi, alat, jeung téks anu diperlukan ku guruinstruktur pikeun ngararancang jeung ngulik larapna pangajaran. Bahan ajar nyaéta sagala wangun bahan anu dipaké pikeun mantuan guru dina ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar di kelas. Ari wangunna bahan ajar téh bisa bahan tinulis bisa ogé bahan lisan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 1 1 Bahan ajar nyaéta beungkeutan matéri anu disusun kalawan ngéntép seureuh boh tinulis boh lisan nepi ka kawangun lingkungan atawa suasana nu ngagiring murid pikeun diajar. Bahan ajar atawa matéri ajar instructional materials mangrupa kaweruh fakta, konsép, prinsip, prosedur, kaparigelan, jeung sikep anu kudu diulik ku murid dina raraga ngahontal standar kompeténsi nu geus ditetepkeun. Kaweruh, kaparigelan, jeung sikep kudu diulik ku murid dina raraga ngahontal standar kompeténsi nu geus ditangtukeun. Bahan ajar ogé jadi sumber pangajaran learning resource, nyaéta informasi anu dipidangkeun jeung disimpen dina rupining média, anu bisa mantuan murid dina diajar minangka wujud tina kurikulum. Ari sumber pangajaran nyaéta sagala rupa anu bisa dipaké pikeun diajar atawa sagala rupa nu bisa dimangpaatkeun ku guru pikeun kapentingan prosés diajar ngajar kalawan boga tujuan pikeun ngundakkeun éféktivitas jeung éfisiénsi tujuan pangajaran.

2. Gunana jeung Kualitas Bahan Ajar