Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 24 KD 1 Pangajaran basa diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna basa, kamahéran basa, atawa kaparigelan basa. Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék kamahéran basa. Sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Élmu anu ngulik sastra disebut élmuning sastra. Aya tilu widang élmuning sastra, nyaéta sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Karya sastra Sunda ngawujud dina wangun lancaran prosa, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Dina karya sastra kakandung rupa-rupa ajén kahirupan manusa nu bisa dijadikeun eunteung ku nu macana. Pikeun nepikeun ajén kahirupan dina karya sastra perlu ditepikeun ka anak incu ku cara diajarkeun. Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan murid mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra. Pangalaman sastra nyoko kana pangalaman aprésiasi sastra jeung pangalaman éksprési sastra. Bahan ajar sastra anu ditepikeun ngawengku narasi, dongéng, carpon, pangalaman pribadi, mantra, pupuh, guguritan, wawacan, carita pantun, pupujian, kakawhan, rumpaka kawih, sisindiran, sajak, novel, jeung drama.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 25 1 1 Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui atawa deres deui matéri dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu can dicangkem. Réfléksijeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitasn prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ambahan bajar ajar basa jeung sastra Sunda, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun a kaho tal, “adérék isa yo tré g √ kolo Ca Kaho tal . No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan ngalarapkeun ajén- 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 26 inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan ngalarapkeun ajén- inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 27 2 KAGIATAN DIAJAR 2 MILIH KATUT NGOLAH BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA SD

A. Tujuan

Bahan ajar dina hiji mata pelajaran atawa widang studi ditangtukeun dumasar kana kurikulum. Dina kurikulum diruntuykeun rupa-rupa bahan ajar nu kudu diajarkeun ku guru ka murid. Ku lantaran réa bahan ajar nu kudu diajarkeun, guru kudu parigel dina milih jeung milah bahan ajar. Bahan ajar mana nu kudu diajarkeun leuwih ti heula jeung bahan ajar mana nu kudu diajarkeun sapandeurieunana. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar II, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun kalungguhan jeung fungsi pangajaran basa jeung sastra Sunda, perluna nangtukeun jeung milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda; prinsip jeung padikan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta Sadérék bisa 1. ngajéntrékeun kalungguhan jeungfungsi pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan; 2. ngaidéntifikasi perluna nangtukeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif; 3. ngaidéntifikasi perluna milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan gawé bareng; 4. ngajéntrékeun tujuan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan; PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 28 2 5. ngaidéntifikasi prinsip-prinsip, landasan, jeung padikan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan gawé bareng.

C. Pedaran Matéri