Tingkesan Modul E PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL E 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 100 4 hihideung, plak-plik-pluk, ador-adoran, asa-asa, cacandakan. 3. Naon sababna kecap-kecap saperti rambisbis, camutmut, jeung cawigwig teu dianggap kecap rajékan? Tétélakeun 4. Naha aya anu disebut kecap rajékan dwimadya murni? Tétélakeun tur contoan 5. Tétélakeun ciri-cirina kecap kantétan téh 6. Tétélakeun fungsi jeung harti kecap kantétan ieu di handap: a. taleus ateul, dahar isuk, solat peuting; b. maén bal, ngadupanggal; c. pinter kodék, seukeut deuleu; d. dalapan urang, lima héktar; e. salahsahiji, salahsaurang, salahsawios 7. Tétélakeun bédana di antara kecap wancahan: kecap tingkesan, kecap tangkesan, kecap singgetan, kecap memet, jeung kecap sirnaan Contoan

F. Tingkesan

Kecap rajékan nyaéta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu. Prosés ngawangun kecap rajékan disebut ngarajék Réduplikasi. Aya rupa-rupa kecap rajékan saperti kecap rajékan sabagian, kecap rajékan gembleng, jeung kecap rajékan binarung rarangkén. Tina jihat wangunna aya kecap rajékan nu disebut dwipurwa, dwimadya, dwimurni, dwiréka, trilingga, jeung kecap rajékan binarung rarangkén. Ngarajék mibanda fungsi jeungharti. Fungsi ngarajék sipatna dérivatif, nyaéta ngawangun warna kecap tina warna kecap séjén, jeung sipatna infektif, nyaeta ngawangun warna kecap rajékan tina warna kecap nu sarua. Harti ngarajék nyaéta harti anu muncul balukarna diwangunna kecap asal jadi wangun rajékan saperti harti ‘niru-niru’, ‘réa’, ‘sering’, jsté. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 101 4 Kecap kantétan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung harti anu mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun komposisi. Kecap kantétan mibanda ciri katanseselan, katanjembaran, jeung katanbalikan. Aya dua rupa kecap kantétan, nyaéta 1 kecap kantétan rakitan dalit anu unsur-unsurna teu bisa dipisahkeun saperti panon poé; 2 kecap kantétan rakitan anggang anu unsur-unsurna bisa dipisahkeun saperti taleus ateul. Kecap kantétan mibanda fungsi jeung harti. Fungsi kecap kantétan nyoko kana ngawangun kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, kecap bilangan, jeung kecap pancén. Ari harti kecap kantétan nyoko kana tatali antarunsurna saperti ‘alat’, ‘tempat’, ‘asal’, jsté. Kecap wancahan nyaéta kecap anu diwangun ku cara mondok-keun kecap atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah abréviasi. Aya sababaraha rupa kecap wancahan, nyaéta 1 kecap tingkesan, 2 kecap singgetan, 3 kecap tangkesan, 4 kecap memet, jeung 5 kecap sirnaan. Limaanana dibédakeun tina cara jeung prosés ngawangunna. Malah dina buku Tatabasa Sunda heubeul, kecap memet téh dipisahkeun tina kecap wancahan minangka hiji wangun kecap.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku