Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda di KIKD SD

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 21 1 1 wangun sastra, warna sastra, jeung adegan sastra. Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran sastra nyoko kana aprésiasi sastra, éksprési sastra, jeung pangaweruh sastra. Ceuk Wirajaya 2005:2-5, prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta a aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 re-kreasi. Apresiasi mangrupa ngararasakeun karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra.

d. Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda di KIKD SD

Bahan ajar sastra Sunda di SD ngawengku rupa-rupa wangun jeung warna karya sastra, boh kagiatanana mangrupa aprésiasi sastra boh mangrupa éksprési sastra. Ambahan bahan ajar sastra di SD bisa diilikan dina tabél ieu di handap. Tabel 1. 3 Bahan Ajar Sastra Sunda di SD KELAS I II III IV V VI Narasi Pupuh Narasi Pupujian Pupuh Narasi Narasi Narasi Carpon Pupuh Sajak Pupuh Narasi Narasi Dongéng Kawih Carpon Narasi Pupuh Kakawihan Sajak Narasi Dongéng - Tina tabél 2.1 di luhur ébréh yén bahan ajar sastra Sunda di SD ti kelas I-- VI jumlahna aya 7 rupa, anu ngawengku 9 bahan narasi carita, 2 bahan dongéng, 2 bahan carpon carita pondok, 5 bahan pupuh, 1 bahan kakawihan, jeung 2 bahan sajak. Bahan ajar sastra Sunda di SD dipatalikeun kana dua hal, nyaéta 1 téma jeung 2 konsép basa. Matéri jeung téma bahan ajar Sastra Sunda pikeun SD ébréh dina tabél ieu di handap. Tabel 1. 4 Matéri jeung Téma Sastra Sunda SD Kelas Pang Matéri Téma I. 2. Narasi Karesep 5. Narasi Pangalaman 6. Narasi Lingkungan beresih 7. Pupuh Barang, sasatoan, jeung tutuwuhan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22 KD 1 Kelas Pang Matéri Téma II. 1. Pupuh Sauyunan 2. Narasi Kaulinan 3. Narasi Pancén sapopoé 8. KakawihanPupuh Kasalametan di imah jeung di jalan III 2. Narasi Pangalaman nu pikaresepeun 6. Carpon Éndahna sosobatan 8. Dongéng Paripolah pinuji ka kolot jeung ka babaturan 9. Sajak Miara lingkungan IV. 1. Pupujian Tali mimitran 3. Dongéng Micinta papada mahluk hirup 5. Pupuh Hormat ka guru jeung ka pahlawan 6. Kawih Cinta tanah air 7. Narasi Ngahontal cita-cita V 2. Pupuh Kajadian dina kahirupan 6. Puisi Cinta jeung reueus jadi bangsa Indonésia 7. Carpon Peristiwa, bencana alam, jeung musibah 8. Dongeéng Peristiwa kajadian hiji tempat VI. 1. Narasi Nyalametkeun papada mahluk 2. Pupuh Kahirupan bangsa jeung nagara 3. Narasi Tokoh jeung ‘penemu’ Pancén e.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin Pilih sasalahiji matéri tina tabél bahan ajar sastra Sunda di SD Geus kitu, jieun bahan ajarna kalawan tanggung jawab jeung kréatif