PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
58
c Rarangkén tukang ahiran, sufiks, anu napel di tukangeun dasar saperti: -an. -eun, -keun, -na, -ing-ning.
d Rarangkén barung barungan, konfiks, nu mangrupa rarangkén tunggal minangka barungan tina dua rarangkén, biasana napel di
hareup jeung tukangeun dasar saperti ka==an, kapi-, pa==an, pang==na, pang==keun, pi==eun, pika-, pika==eun, sa==eun,
sa==na.
e Rarangkén bareng atawa gabung ambifiks, anu mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih tur napelna kana wangun
dasar teu binarung, tapi bareng wungkul saperti di-+-ar-, di- + -an, di- +-ar-+-an, di-+-keun, di-+-ar-+-keun, di-+pi-, di-+pika-, di- + pang-+-
keun, di- + pang-+ N-+-keun, di-+pang-N-+-ar-+-keun, di-+pang-N-+- ar-+-an+keun, N- + -ar-, N-+-an, N-+-ar-+-an, N- + -keun, N-+-ar-+-
keun, N-+ pi-, N-+ pika-, N-+ pang-+-keun, ka- + -keun, pa-+ N-, pang- + dipika- + -na, pang- + N-+pika- + -na, ting- + -ar- Sudaryat,
2013:55.
3. Ngawangun Kecap Rundayan
Dumasar kana wanda rarangkénna, kecap rundayan bisa diwangun ku lima cara, nyaéta 1 ngararangkénan hareup préfiksasi, 2
ngararangkénan tengah infiksasi, 3 ngararangkenan tukang sufiksasi, 4 ngararangkénan barung konfiksasi, jeung 5 ngararangkénan
bareng ambifiksasi.
a. Kecap Rundayan Dirarangkénan Hareup
Rarangkén hareup téh nyaéta rarangkén anu napel atawa diwuwuhkeun dina awal kecap. Ku kituna, rarangkén hareup sok
disebut awalan atawa préfiks Inggris: prefix. Ari prosés ngawangun kecap ku rarangkén hareup atawa préfiks disebut ngararangkénan
hareup atawa préfiksasi. Ieu di handap fungsi jeung harti rarangkén hareup dina ngawangun kecap rundayan.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
59
3
1 Rarangkén Hareup ba-: barempug, balayar, balabuh, badarat 2 Rarangkén Hareup di-: a pasif: diala, dibeuleum, diteunggeul
jeung b aktif: dibaju, diajar.
3 Rarangkén Hareup ka-: katincak, kaangkat, kabisa, kalima 4 Rarangkén Hareup N-
Rarangkén hareup N- nasal boga alomorf {m-, n-, ng-, nga-, nge, ny-} nu fungsina pikeun ngawangun kecap pagawéan anu
ngandung harti ‘ngalakukeun aktif’. Contona: maca, nulis, ngarang, ngawayang, ngecét, nyokot.
5 Rarangkén Hareup pa-: patani, padagang, paménta, pateuteup. 6 Rarangkén Hareup pang-: pangjurung, pangjajap, panggeuing.
7 Rarangkén Hareup per-: pertanda, perlambang, perbawa 8 Rarangkén Hareup pra-: prajabatan, praduga, prawacana
9 Rarangkén Hareup sa-: saturuy, sarimbag, sabada, sanggeus 10 Rarangkén Hareup sang-: sanghulu, sanghunjar, sanghareup
11 Rarangkén Hareup si-: sidéang, sibeungeut, siduru, sibanyo. 12 Rarangkén Hareup ti-: tidagor, titotog, tijeduk, tigebrus, tibeubeut
13 Rarangkén Hareup ting-pating-: tingcéréwét, patinggurilap
b. Kecap Rundayan Dirarangkénan Tengah
Rarangkén tengah téh nyaéta rarangkén anu diwuwuhkeun atawa diseselkeun di tengah-tengah kecap anu jadi wangun dasarna. Ku
kituna, rarangkén tengah sok disebut seselan infiks. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah disebut
ngararangkénan tengah infiksasi.
1 Rarangkén Tengah –ar-
Rarangkén tengah –ar- mibanda alomorf ar-, ra-, jeung –al-.
Parobahan éta wangun rarangkén téh ditangtukeun ku lingkungan morfém anu jadi wangun dasarna. Rarangkén tengah
–ar- robah jadi alomorf:
a –al- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku
foném l atawa ditungtungan ku foném r:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
60
-ar- + bageur
balageur
-ar- + leuleus
laleuleus
b ar- lamun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem vokal:
-ar- + anjeun
aranjeun
-ar- + isin
arisin
c ra- anu dilarapkeun kana wangun dasar nu ngan saengang tur diimitian ku konsonan:
-ar- + beng
rabeng
-ar- + clok
raclok
Conto kecap dirarangkénan tengah -ar- séjénna: barudak, bareurang, marandi, garelut, barodo, gareulis, jarangkung
2 Rarangkén Tengah –in-: tinulis, ginanjar, sinerat, sinatria
3 Rarangkén Tengah –um-: gumeulis, sumujud, kumawula
c. Kecap Rundayan Dirarangkénan Tukang