Harti Ngarajék Kecap Rajékan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 81 4 kitu KGt  sakitu-kituna leres KS  leres-leres lima KBil  salima-lima

e. Harti Ngarajék

Harti ngarajék nyaéta harti anu muncul balukar ayana prosés ngarajék tina wangun asal kana wangun rajékan. Aya rupa-rupa harti ngarajék. 1 Harti ‘kaayaan hiji hal’: ati-ati, asa-asa, acak-acakan, awur-awuran, babarengan 2 Harti ‘rupa-rupa’ divérsitas: beubeutian, bongborosan, kekembangan, tulang-taléng 3 Harti ‘kalakuan teu enya-enya’ diminutif: anjang-anjangan, kekedengan, pipilueun 4 Harti ‘séwang-séwangan’ distributif: hiji-hiji, saeutik-saeutik, sabogana-sabogana 5 Harti ‘padahal’ eksesif: saloba-loba, saalus-alus, sagedé-gedé 6 Harti ‘sering’ frékwéntatif: ampun-ampunan, gogodeg, blag-blig-blug 7 Harti ‘ngantebkeun’ intésitas: leres-leres, nyenyekel, nginget-nginget 8 Harti ‘niru-niru’ imitatif: babalongan, momobilan, peupeureuman 9 Harti ‘naon-naon nu di-‘ indeterminatif pasif: babawaan, dédéngéan 10 Harti ‘sababaraha kali teu tangtu’: lulumpatan, rumpad-rampid 11 Harti ‘hayang leuwih’: paalus-alus, paheula-heula, pagedé-gedé 12 Harti ‘tuluy-tuluyan’ kontinuitas: babarengan, ador-adoran,ider-ideran 13 Harti ‘ngan saukur limitatif’: hiji-hijina, sakitu-kituna 14 Harti ‘réa’ plural: baju-baju, buku-buku, bangku-bangku 15 Harti ‘réa teu tangtu’ plural-indeterminatf: naon-naon, lubak-libuk 16 Harti ‘réa tur sering’ plural frékwéntatif: cut-cat, dur-dor, sung-song 17 Harti ‘ampir pisan’ perfektif-futuratif: sader-dereun, sajung-jungeun 18 Harti ‘bagian’ partitif: bobodas, beubeureum, hihideung 19 Harti ‘pabales-bales’ resiprokatif: pabéja-béja, pagulung-gulung 20 Harti ‘hasil’ resultatif: kekecapan, omong-omongan 21 Harti ‘paling’ superlatif: gegedéna, lolobana, panggedé-gedéna 22 Harti ‘ngadadak’: nyaho-nyaho, témbong-témbong PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 82 4 23 Harti ‘lalawanan’: budak-budak resep ngaroko 24 Harti ‘salila’: sajajalan, sapopoé, sapeupeuting 25 Harti ‘dianggap jadi’: pupuhu, kokolot, dadasar 26 Harti ‘tuluy-tuluyan teu dihaja’: kababawa, kapopohokeun Pancén Baca téks ieu di handap kalawan disiplin jeung tanggung jawab VISI INDONĖSIA MERDĖKA PARA PANYAJAK SUNDA Ieu buku antologi Sajak Sunda Indonésia Emas, alhamdulillah bisa medal ku ayana gawé bareng antara Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, Yayasan Dana Budaya Sunda, Yayasan Pembangunan Jawa Barat, Fakultas Sastra UNPAD, Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Sunda FPBS IKIP Bandung, Kanwil Dikbud Propinsi Jawa Barat, Dinas P dan K Propinsi Dati I Jawa Barat, Penerbit CV GEGER SUNTEN, jeung para panyajak Sunda. Medalna ieu buku téh dipimaksud pikeun miéling ulang taun kamerdékaan Indonésia Emas. Lalampahan puisi Sunda salila 49 taun anu témana némbongkeun citra jeung cita-cita kamerdékaan anu jadi ébréhan panyajak ti jaman anu micangcam jeung merjoangkeun ngadegna nagara Républik Indonésia nepi ka jaman pangwangunan kiwari, bakal natrat ngagendat benang emas angen-angenna jeung persépsi para pangarang anu kagambarkeun dina larik-larik puisi nu artistik, dina diksi anu apik, dina ungkaban anu spontan jeung babandingan anu épéktif katut idiom-idiom dina ungkara anu sarieup geusan ngedalkeun kereteg haté anu bolékér tur jujur dina énggoning buméla ka lemah cai. Puisi téh sarana éksprési aci-acining kahirupan, ébréhan pangalaman ati sanubari pribadi panyajak anu pohara telebna. Wangun paguneman akal budi anu teu weléh aléwoh madungdengkeun ajén-inajén kahirupan boh jeung dirina, boh jeung sasama katut lingkunganana, boh jeung anu nyiptakeunana, sabab diolah ku panyajakna kalawan rancagé tur kréatif bakal namper ngawujud jadi puisi. Éta puisi ésénsina baris katangén dina misi jeung si’arna, sarta bakal katitén dina téma jeung ma’nana. Ku jalan maca bari ngalenyepan eusi ieu buku antologi Sajak Sunda Indonésia Emas dipiharep urang bakal bisa neuleuman kumaha jerona sagara rasa jeung kumaha tarahalna perjalanan batin nu kasorang ku para panyajak énggoning ngama’naan enas-enasna kamerdékaan. “Sunda” ngan sakadar sétting tempat minangka lokasi tatapakan pangapakan para panyajak pikeun ngayakeun interaksi jeung lingkunganana. Lingkungan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 83 4 ka-Sundaan miboga pancén jeung fungsi stimulus boh luar boh jero, waktu ngaharéwoskeun imprési-imprési nurani panyajak. Sedengkeun ambahan sawanganana ngabelesat ka jomantara langit jurit kamanusaan anu univérsal ngébréhkeun visi dirina dina suasana agamis nu teu weléh syukuran kana ni’mat jeung rahmat kamerdékaan kurnia Illahi sabada dibeuli ku teuasna sumanget patriotis waktu ngabéla lemah cai paku sarakan tina rupa-rupa gogoda rancana, halangan harungan, jeung gangguan katut ancaman. Ku maca ieu buku antologi Sajak Sunda Indonésia Emas kalawan gemet, insya Allah urang bakal bisa meunang kani’matan éstétis jeung kajembaran sukma nu tan wates nepi ka hirup-hurip urang bisa leuwih arip tur wijaksana. Muga-muga baé. Bandung, Agustus 1995 Dicutat tina Lir Cahya Eunteung Nyorot

2. Kecap Kantétan