Kecap Rajékan Dirarangkénan Fungsi Ngarajék Kecap

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 78 4 2 i eu 3 a 1 Contona: ba-bi-beu, nang-ning-neung, wah-wih-weuh

c. Kecap Rajékan Dirarangkénan

Kecap rajékan dirarangkénan nyaéta kecap rajékan anu diwangun tina wangun dasar anu binarung atawa dibarengan ku rarangkén. Kecap rajékan sagemblengna atawa sabagian bisa babarengan atawa binarung jeung ngararangkénan. Ari rarangkén anu marengan ngarajék téh bisa rarangkén hareup, tengah, tukang, barung, jeung gabung. Contona: udag + pa-Rdm  paudag-udag balik + di-Rdr  dibulak-balik kuda + Rdp-an  kukudaan dagor + ti-Rdp-ar-  tidadalagor jung + sa-R-eun  sajung-jungeun asup + di-Rdm-keun  diasup-asupkeun 1 Wangun Rajékan di-R: diugung-ugung, diulang-ulang, diwilah-wilah 2 Wangun Rajékan ka-R: kacacandak, kagugusur, kabantu-bantu, kaburu-buru. 3 Wangun Rajékan mang-R: mangalam-alam, mangabad-abad, mangtaun-taun. 4 Wangun Rajékan N-R: ngahenang-ngahening, ngaleuleungit, ngajujurung, 5 Wangun Rajékan pa-R: pagigir-gigir, paahéng-ahéng, paalus-alus, 6 Wangun Rajékan ti-R: tibuburanjat, tipopolotot 7 Wangun Rajékan R-um-: tuluy-tumuluy 8 Wangun Rajékan R-an: sosobatan, jijieunan, gegeringan, rorodaan, acak-acakan. 9 Wangun Rajékan R-eun: lilinieun, jajauheun, ginggiapeun, rurumpaheun. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 79 4 10 Wangun Rajékan R-na: gegedéna, geugeulisna, dalit-dalitna, imah- imahna, 11 Wangun di-R-keun: diésék-ésékkeun, diasup-asupkeun, dialung- alungkeun, 12 Wangun N-R-keun: ngésék-ngésékkeun, ngasup-ngasupkeun, 13 Wangun Rajékan pang-R-na: pangalus-alusna, pangbageur- bageurna, 14 Wangun Rajékan sa-R-na: saalus-alusna, sabisa-bisana, sapinter- pinterna, 15 Wangun Rajékan lain + R-eun: lain bantrak-bantrakeun, lain lawan- lawaneun, 16 Wangun Rajékan teu R: teu euleum-euleum, teu petot-petot, teu datang-datang 17 Wangun Rajékan teu R acan: teu bodo-bodo acan, teu alus-alus acan

d. Fungsi Ngarajék Kecap

Minangka salasahiji wangun prosés morfologis, ngarajék kecap ogé mibanda dua fungsi, nyaéta fungsi gramatik jeung fungsi semantik. Fungsi gramatik bisa disebut ”fungsi” wungkul, ari fungsi semantik bisa disebut “ma’na” Ramlan, 1985:90. Fungsi ngarajék kecap bisa mibanda fungsi infléksi anu teu ngarobah warna kecap, bisa mibanda fungsi dérivasi anu ngarobah warna kecap. Fungsi dérivasi ngarajék nyoko kana fungsi nominal, fungsi vérbal, fungsi adjéktival, fungsi numeral, jeung fungsi advérbial. 1 Fungsi Nominal Fungsi nominal nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap barang boh tina warna kecap barang boh tina warna kecap séjén. Contona: bawa KP  babawaan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 80 4 gedé KS  gegedén iring Cakal  iring-iringan 2 Fungsi Vérbal Fungsi vérbal nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap pagawéan boh tina warna kecap pagawéan boh tina warna kecap séjén. Contona: béja KB  bébéja reuwas KS  ngareureuwas sodor Cakal  disodor-sodorkeun 3 Fungsi Adjektival Fungsi adjéktival nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap sipat boh tina warna kecap sipat boh tina warna kecap séjén. Contona: ati KB  ati-ati asa Cakal  asa-asa dor KA  dar-dér-dor 4 Fungsi Numeral Fungsi numeral nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap bilangan boh tina warna kecap biangan boh tina warna kecap séjén. Contona: likur Cakal  manglikur-likur pirang Cakal  mangpirang-pirang dua KBil  sadua-dua 5 Fungsi Advérbial Fungsi advérbial nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap panambah katerangan boh tina warna kecap panambah boh tina warna kecap séjén. Contona: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 81 4 kitu KGt  sakitu-kituna leres KS  leres-leres lima KBil  salima-lima

e. Harti Ngarajék