PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
23
diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék
kamahéran basa.
Sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Élmu anu ngulik sastra
disebut élmuning sastra. Aya tilu widang élmuning sastra, nyaéta sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra.
Karya sastra Sunda ngawujud dina wangun lancaran prosa, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Dina karya sastra
kakandung rupa-rupa ajén kahirupan manusa nu bisa dijadikeun eunteung ku nu macana.
Pikeun nepikeun ajén kahirupan dina karya sastra perlu ditepikeun ka anak incu ku cara diajarkeun. Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan siswa
mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra. Pangalaman sastra nyoko kana pangalaman aprésiasi sastra jeung pangalaman éksprési sastra.
Bahan ajar sastra anu ditepikeun ngawengku narasi, dongéng, carpon, pangalaman pribadi, mantra, pupuh, guguritan, wawacan, carita pantun,
pupujian, kakawhan, rumpaka kawih, sisindiran, sajak, novel, jeung drama.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu
benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar.
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem =
x 100 5
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
24
Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90
- 100 = alus pisan
80 -
89 = alus 70
- 79
= cukup -
69 = kurang
Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap nyangkem
Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui atawa deres deui matéri dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu can dicangkem.
Réfléksi jeung Lajuning Laku
Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitasn prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri
pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ambahan bajar ajar basa jeung sastra Sunda, Sadéré
k bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can
Kahontal”.
No. Tujuan Pangajaran Kahontal
Can Kahontal
Kat.
1. Ngalatih guru dina nganalisis
ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan ngalarapkeun
ajén-inajén utama PPK. 2.
Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis ambahan
bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan ngalarapkeun ajén-inajén
utama PPK.
Lajuning Laku:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
25
2
KAGIATAN DIAJAR 2
MILIH KATUT NGOLAH BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA SMP
A. Tujuan
Bahan ajar dina hiji mata pelajaran atawa widang studi ditangtukeun dumasar kana kurikulum. Dina kurikulum diruntuykeun rupa-rupa bahan ajar
nu kudu diajarkeun ku guru ka siswa. Ku lantaran réa bahan ajar nu kudu diajarkeun, guru kudu parigel dina milih jeung milah bahan ajar. Bahan ajar
mana nu kudu diajarkeun leuwih ti heula jeung bahan ajar mana nu kudu diajarkeun sapandeurieunana.
Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar II, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun kalungguhan jeung fungsi pangajaran
basa jeung sastra Sunda, perluna nangtukeun jeung milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda; prinsip jeung padikan nyusun bahan ajar basa jeung
sastra Sunda kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.
B. Indikator Kahontalna Kompeténsi
Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta Sadérék bisa
1. ngajéntrékeun kalungguhan jeung fungsi pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan;
2. ngaidéntifikasi perluna nangtukeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif jeung gawé bareng;
3. ngaidéntifikasi perluna milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif jeung gawé bareng;
4. ngajéntrékeun tujuan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan;
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
26
2
5. ngaidéntifikasi prinsip-prinsip nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif jeung gawé bareng;
6. ngajéntrékeun landasan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan;
7. ngaidéntifikasi padika nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif jeung gawé bareng.
C. Pedaran Matéri