PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
52
rékaan dina basa Sunda ilaharna sok diwincik jadi kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan, jeung kecap wancahan. Prosés ngawangun kecap
atawa tata wangun kecap disebutna prosés morfémis atawa morfologis Sudaryat, Spk., 2013. Wangun kecap téh gurat badagna bisa dibagankeun
kieu.
Bagan 3.1 Wangun Kecap
WANGUN KECAP
Kecap Asal Kecap Rékaan
Kecap Kecap Kecap
Kecap Rundayan Rajékan Kantétan Wancahan
3. Kecap Asal
a. Wangenan Kecap Asal
Kecap diwangun ku unsur-unsur anu disebut morfém, aya nu hiji morfém aya nu leuwih. Kecap nu diwangun ku hiji morfém disebut kecap salancar,
ari anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan. Kecap bisa sarua jeung morfém bisa henteu. Henteu kabéh morfém
mangrupa kecap. Ari sababna, anu disebut kecap mah ngan morfém bébas wungkul, nyaéta morfém anu bisa madeg mandiri dina omongan
atawa kalimah. Cindekna, kecap téh sarua jeung morfém bébas atawa unggal morfém bébas mangrupa kecap.
Tina katerangan di luhur bisa disebutkeun yén kecap asal atawa kecap salancar téh nyaéta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas, anu can
diréka atawa dijembaran, boh dirarangkénan jeung dirajék boh dikantétkeun. Ari nu dimaksud ku morfémna sorangan nyaéta wangun
basa pangleutikna nu ngandung harti. Contona:
05 budak bageur
indit
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
53
3
ka pasar
Kecap-kecap saperti budak, bageur, indit, ka, jeung pasar, masing- masing mangrupa kecap asal lantaran diwangun ku morfém bébas anu
can diréka atawa dijembaran, boh dirarangkénan atawa dirajék boh dikantétkeun jeung morfém séjén.
Aya sawatara ciri kecap asal, di antarana waé: 1 Kecap asal diwangun ku hiji morfém bébas;
2 Kecap asal sipatna basajan atawa tunggal salancar; 3 Kecap asal masih kénéh tulién atawa can diréka atawa dijembaran;
4 Kecap asal umumna jadi dasar pikeun ngawangun kecap jembar; 5 Kecap asal sipatna bébas tur bisa madeg mandiri dina kalimah.
b. Watek Kecap Asal Kecap asal atawa kecap salancar mibanda watek nu tangtu. Dumasar
kana jumlah engang anu jadi pangwangunna, dina basa Sunda kapanggih aya rupa-rupa wangun kecap asal saperti ieu di handap
.
1 Kecap Asal Ékaengang
Kecap asal ékengang mangrupa kecap salancar anu diwangun ku saengang atawa hiji engang. Contona, kecap ah, dug, jung, jig, jeung
jrut masing-masing mangrupa kecap asal.
2 Kecap Asal Dwiengang
Kecap asal dwiengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku dua engang. Contona, kecap kuring, diuk, dina, jeung korsi, masing-
masing mangrupa kecap asal nu diwangun ku dua engang saperti ébréh rucatanana ieu di handap.
ku ring
Engang 1
2 di
uk Engang
1 2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
54
di na
Engang 1
2 kor
si Engang
1 2
3 Kecap Asal Triengang
Kecap asal triengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku tilu engang. Contona: awéwé, olohok, jeung teureugeus, masing-masing
mangrupa kecap asal nu diwangun ku tilu engang saperti ébréh rucatanana ieu di handap.
a wé
wé Engang
1 2
3 o
lo hok
Engang 1
2 3
teu reu
geus Engang
1 2
3
4 Kecap Asal Caturengang
Kecap asal caturengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku opat engang. Contona: barakatakjeung balakutak, kaasup kecap asal anu
diwangun ku tilu engang saperti ébréh rucatanana ieu di handap.
ba ra
ka tak
Engang 1
2 3
4 ba
la ku
tak Engang
1 2
3 4
5 Kecap Asal Pancaengang
Kecap asal pancaengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku lima engang. Contona: bolokotondo, kaasup kecap asal pancaengan
lantaran diwangun ku lima engang, saperti ébréh ieu di handap.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
55
3
bo lo
ko ton
do Engang
1 2
3 4
5
c. Adegan Kecap Asal