Prinsip Spiral Prinsip Miharti jeung Miguna Prinsip Pakait kontékstual

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33 2 siswa dina nyungsi bahan ajar sajaba buku téks; jeung 3 ngagampangkeun guru dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran. Aya sawatara mangpaat disusunna bahan ajar, di antarana waé: 1 Ayana bahan ajar anu saluyu jeung pameredih kurikulum katut kabutuh siswa; 2 Guru moal gumantung teuing kana buku téks; 3 Bahan ajar jadi beunghar lantaran disusun dumasar kana rupa-rupa acuan; 4 Nambahan kabeungharan kaweruh jeung pangalaman guru dina nulis; sarta 5 Bakal bisa ngawangun komunikasi nu éféktif antara guru jeung siswa lantaran guru leuwih dipercaya ku siswana.

2. Prinsip Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Nurutkeun Sudaryat 2004:32-35, aya dalapan prinsip dina nyusun bahan ajar basa Sunda, nyaéta prinsip 1 spiral, 2 miharti jeung miguna, 3 pakait, 4 tématis, 5 komunikatif, 6 gumulung, 7 kaoténtikan, jeung 8 prinsip évaluatif.

a. Prinsip Spiral

Prinsip spiral dilaksanakeun ku cara nimbang-nimbang bahan dumasar kana hal-hal nu beuki undak, nyaéta: a ti nu deukeut ka nu jauh, b ti nu basajan ka nu ruwed, c ti nu heureut ka nu lega, d ti nu nembrak ka nu nyumput, é ti nu kauni ka nu nyamuni, f ti nu apal ka nu teu apal, g ti basa wewengkon kana basa lulugu, h ti régional ka nasional.

b. Prinsip Miharti jeung Miguna

Prinsip miharti museurkeunpanitén kana nyumponan dorongan pikeun siswa sangkan daék tur bisa ngedalkeun pesen pikiran, gagasan, rasa, informasi, jeung kahayang ka nu lian, boh ku cara lisan boh ku cara tinulis.Bahan ajar kudu miharti meaningfullness PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 2 pikeun mekarkeun poténsi jeung kaparigelan siswa sarta luyu jeung pameredih didaktik métodik nu mutahir atawa modéren. Bahan ajar kudu disusun dumasar kana prinsip miguna keberfungsian. Bahan ajar kudu disusun kalawan 1 némbongkeun métodeu jeung téhnik pangajaran nu dipilih; 2 méré luang ka siswa pikeun ilubiung dina peristiwa makéna basa nu sajembar-jembarna; 3 méré informasi, prakték, latihan, jeung pangalaman maké basa luyu jeung kabutuh siswa; 4 nuyun siswa dina makéna basa, lain ngawasa kaweruh basa; 5 ngamangpaatkeun rupa-rupa ragam basa dina peristiwa makéna basa; 6 ditujulkeun pikeun mekarkeun kaparigelan makéna basa; jeung 7 ngadorong kamampuh mikir atawa nalar katut karancagéan siswa.

c. Prinsip Pakait kontékstual

Prinsip pakait kontékstual nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu 1 ditarékahan maké maké média jeung sumber diajar nu bisa méré pangalaman langsung ka siswa pikeun diajar basa réséptif jeung produktif; 2 mangrupa fakta basa atawa peristiwa aktual anu bisa kapanggih ku siswa atawa disayagikeun ku guru; 3 luyu jeung kabutuh maké basa siswa, boh di jero kelas boh luareun kelas; 4 rinéka variatif, boh wujudna lisan atawa tinulis boh dina ragam koran, majalah, radio, paguneman, rapat, jsté; 5 bisa ngababarikeun dina mekarkeun pérformansi komunikatif siswa; jeung 6 mangrupa fakta basa anu dipidangkeun kalawan aya gunana atawa kapanggih di sabudeureun siswa di masarakat.

d. Prinsip Tématis