PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
72
4
dasarna disebut dwimadya Rdmy.Kecap rajékan dirarangkénan nyaéta kecap rajékan anu diwangun tina wangun dasar anu binarung
atawa dibarengan ku rarangkén. Kecap rajékan sagemblengna atawa sabagian bisa babarengan atawa binarung jeung ngararangkénan. Ari
rarangkén anu marengan ngarajék téh bisa rarangkén hareup, tengah, tukang, barung, jeung gabung.
Ieu di handap dipedar rupa-rupa kecap rajékan anu ngawengku 1 dwilingga, 2 dwipura, 3 dwimadya, 4 trilingga, jeung 5 kecap
rajékan binarung rarangkén.
a. Dwilingga
Dwilingga nyaéta ngarajék kecap asal sagemblengna Ardiwinata, 1984:7. Kecap asal atawa morfém dasar anu dirajék henteu
ngingetkeun sorana robah atawa henteu Djajasudarma Abdulwahid, 1980:72. Dina ngarajék sagemblengna tampolana
rarangkén teu milu dirajék Kats Soeriadiredja, 1982:32. Dwilingga nyoko kana wangun rajekan nu mangrupa hasil tina
ngarajék wangun dasar sagemblengna Sutawijaya Spk., 1981:10. Dwilingga diwangun ku cara kecap asal, nu diucapkeun dua kali
sagemblengna sarta sajeroning kitu aya nu teu dirobah sorana jeung aya nu dirobah Wirakusumah Djajawiguna, 1982:18. Dwilingga
nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun asalna boh binarun jeung variasi foném atawa ngararangkénan boh
henteu Sudaryat, 1985:70.
Dwilingga Rdl nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh binarung ku robahna sora boh henteu.
Ku kituna, aya dua rupa dwilingga nyaéta 1 dwilingga murni atawa dwimurni jeung 2 dwilingga réka atawa dwiréka.
a Dwimurni Dwimurni hartina ngarajék morfém dasar sagemblengna kalawan
henteu ngalaman prosés morfofonémik Djajasudarma
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
73
4
Abdulwahid, 1980:72. Dwimurni dihasilkeun ku ngarajék wangun dasar sagemblengna tur robah foném Sutawijaya Spk., 1981:10.
Dwimurni atawa dwilingga murni mangrupa kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari henteu
dibarung ku variasi foném atawa teu robah sorana Sudaryat, 1985:70. Contona:
bapa + Rdm
bapa-bapa
gedé + Rdm
gedé-gedé
Conto séjénna: angka-angka, bener-bener, buku-buku, ganti-
ganti, guru-guru, hiji-hiji, imah-imah, jalma-jalma, méja-méja, siswa-siswa, tengah-tengah,
b Dwiréka Dwilingga nyaéta wangun rajékan anu ngalaman robahna sora
dina wangun kahiji Ardiwinata, 1984:8. Dwilingga nyoko kana wangun kecap rajekan anu ngalaman gejala morfofonémik atawa
robahna vokal Djajasudarma Abdulwahid, 1980:74. Dwiréka mangrupa dwilingga anu salasahiji linggana robah sora dina hiji
foném atawa leuwih Keraf, 1980:121.
Dwiréka nyaéta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun asalna sarta binarung jeung variasi foném atawa
robahna sora Sudayat, 1985:71. Contona:
tajong + Rdr
tujang-tajong
cokot + Rdr
cakat-cokot
Dina dwiréka foném vokal anu robah téh bisa dina unsur kahiji bisa dina unsur kadua. Dwiréka anu robah sora dina unsur kahiji leuwih
loba ti batan anu robah sora dina unsur kadua Sutawijaya SPk., 1981:30-31.
Conto dwiréka anu robah sora dina unsur kahiji: alangah-éléngéh, bucu-baca, culak-cileuk, cut-cat, jubras-jebris, jul-jol, luas-léos,
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
74
4
lungas-lengis, puk-pok, rus-ras, sung-song, sur-sor, rumpu-rampa, tunja-ténjo, tunyu-tanya.
Conto dwiréka nu robah sorana dina unsur kadua: asal-usul, cruk-crek, murah-maréh, rawah-riwih, tuang-taléng
b. Dwipurwa