Perluna Nangtukeun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 28 2 jeung kamampuh aktif bisa nyarita jeung nulis. Tujuan tioritis nyoko kana hontalan sangkan siswa mibanda kaweruh ngeunaan basa Sunda, anu bisa dipaké pikeun ngawasa basa Sunda. Tujuan idéologis nyoko kana hontalan sangkan siswa mibanda sikap ngabudaya bangsa tina basana. Pikeun ngahontal éta tujuan, perlu diayakeun rupa-rupa tarékah dina pangajaran basa jeung sastra Sunda, di antarana waé: 1 ngajembaran gaya basa, 2 miara rasa basa, 3 atikan kasadaran basa, 4 ngajembaran kaweruh basa, jeung 5 miara budaya. Patali jeung éta hal, basa minangka obyék pangajaran perlu dianalisis jeung didéskripsikeun sangkan kanyahoan anasir naon waé anu aya dina éta basa, anu engkéna bisa dipaké bahan ajar pikeun ngahontal tujuan nu tangtu. Pikeun mikanyaho bahan ajar basa Sunda, perlu dianalisis kabeungharan basana. Kalawan umum bisa kanyahoan yén basa Sunda téh mibanda 1 sora basa, 2 adegan kecap, 3 adegan kalimah, 4 kabeungharan kecap, 5 undak-usuk basa atawa tatakrama basa, 6 éjahan, 7 wacana, jeung 8 aksara Sunda.

2. Perluna Nangtukeun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Dina nangtukeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda perlu tinimbangan yén dasar bahan ajar basa jeung sastra Sunda téh nyaéta sosial-budaya Sunda. Ari unsur-unsur budaya Sunda téh ngawengku 1 sistem pakasaban atawa pacaban, 2 sistem jeung struktur sosial, 3 sistem peralatan jeung téhnologi, 4 sistem élmu pangaweruh, 5 Basa, 6 seni, jeung 7 sistem réligi jeung kapercayaan Koentjaringrat, 1982. Dina sosial-budaya kakandung ayana téma jeung sub-téma anu engkéna jadi dasar pikeun jejer topik wacana. Jejer wacana bisa dirundaykeun jadi judul wacana, boh wacana lisan boh wacana tulis. Dina wacana kakandung ayana konsép basa atawa konsép sastra, gumantung kana wanda wacanana, naha bahan ajar téh mangrupa wacana fiksi atawa wacana nonfiksi. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 29 2 Dumasar kana wacana bakal muncul kagiatan makéna basa, boh kagiatan makéna basa lisan nyarita jeung ngaregepkeun boh kagiatan maké basa tulis maca jeung nulis. Ieu hal téh kaharti lantaran wacana mangrupa médium tina kaparigelan basa atawa kagiatan makéna basa. Baganna ébréh ieu di handap. Bagan 2.1 Wengkuan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Bahan ajar anu diruntuykeun dina kurikulum téh sipatna mangrupa barang olaheun kénéh. Jumlahna ogé kaitung réa nepi ka perlu ditangtukeun dumasar kana sababaraha jihat, di antarana waé, hésé babarina, kasaluyuan jeung kamekaran umur siswa, lega heureutna bahan, heula pandeurina bahan, jeung cara nepikeunana. Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana hésé babarina lantaran can tangtu bahan nu geus aya bisa diulik kalawan babari. Bisa jadi bahan ajar nu aya téh hésé teuing keur siswa. Ku kituna, samémeh ngajarkeun bahan ajar luyu jeung runtuyan kurikulum, guru kudu milih heula mana bahan anu babari diulikna ku siswa jeung mana bahan anu hésé keur siswa. Judul Wacana Bahan Ajar Kaparigelan Basa jeung Pangalaman Sastra SOSIAL-BUDAYA Sastra Basa Konsép Konsép Basa Téma Sub-téma Topik Wacana Wacana PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 30 2 Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana kasaluyuan jeung umur siswa. Siswa di sakola ilaharna dipilah dumasar kana umur jeung tahap atikan. Aya siswa SMP ti mimiti umur 12-15 taun. Tangtu baé bahan ajar keur ieu tahapan atikan mibanda ambahan jeung runtuyan nu tangtu. Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana lega jeung heureutna bahan. Bahan ajar di kelas-kelas nu leuwih luhur tangtu leuwih lega ti batan bahan ajar di kelas-kelas nu leuwih handap. Jaba ti ditangtukeun ku lega heureutna bahan ajar, perlu ogé diperhatikeun jero déétna bahan. Ilaharna beuki lega bahan ajar beuki déét pedaranana. Sabalikna, beuki heureut bahan ajar beuki jero pedaranana. Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana cara nepikeunana. Cara nepikeun bahan ajar raket patalina jeung métodeu katut téhnik pangajaran. Bahan ajar nu sarua lamun ditepikeun ku métodeu jeung téhnik anu béda bakal mangaruhan kana prosés jeung hasil diajarna.

3. Padika Milih Bahan Ajar