Watesan jeung Ciri Kecap Kantétan Wanda Kecap Kantétan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 83 4 ka-Sundaan miboga pancén jeung fungsi stimulus boh luar boh jero, waktu ngaharéwoskeun imprési-imprési nurani panyajak. Sedengkeun ambahan sawanganana ngabelesat ka jomantara langit jurit kamanusaan anu univérsal ngébréhkeun visi dirina dina suasana agamis nu teu weléh syukuran kana ni’mat jeung rahmat kamerdékaan kurnia Illahi sabada dibeuli ku teuasna sumanget patriotis waktu ngabéla lemah cai paku sarakan tina rupa-rupa gogoda rancana, halangan harungan, jeung gangguan katut ancaman. Ku maca ieu buku antologi Sajak Sunda Indonésia Emas kalawan gemet, insya Allah urang bakal bisa meunang kani’matan éstétis jeung kajembaran sukma nu tan wates nepi ka hirup-hurip urang bisa leuwih arip tur wijaksana. Muga-muga baé. Bandung, Agustus 1995 Dicutat tina Lir Cahya Eunteung Nyorot

2. Kecap Kantétan

a. Watesan jeung Ciri Kecap Kantétan

Kecap kantétan nyaéta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih sarta mibanda harti anu béda tina harti kecap anu jadi bagian wangunna Wirakusumah Djajawguna, 1982:20; dua kecap atawa leuwih anu dihijikeun turta iboga harti nu mandiri Permana, 1980:18. Harti mandiri sarua jeung “membentuk satu kesatuan arti” Keraf, 1980:123. Sudaryat 2013:61 nétélakeun yén kecap kantétan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung harti anu mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun komposisi. Kecap kantétan boga dua ciri utama, nyaéta ciri adegan struktur jeung ciri harti sémantis. Pancén Sadérék ayeuna: 1. Catet sakabéh kecap rajékan nu aya dina wacana di luhur 2. Rumuskeun pola ngarajékna 3. Terangkeun fungsi jeung harti tina ngarajékna PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 84 4 1 Ciri struktur Kecap Kantétan Kecap kantétan umumna boga adegan atawa struktur, di antarana waé: a diwangun ku dua unsur nu disebut léksém: pakan kundang; b susunan kecapna teu sagemblengna produktif. Contona: dulang tinandé, teu bisa dirobah jadi nyiru tinandé. c patali unsur-unsurna mibanda sipat 1 katanseselan, nyaéta antar-unsurna teu bisa diseselan ku unsur lian. Contona:ngégél curuk  ngégél kana curuk; 2 katanmulangan, nyaéta antar-unsurna teu bisa dibalikkeun sabab sok robah jadi frasa; susunan unsurna asintaksis. Contona, gedéhulu  hulugedé; 3 katanjembaran, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dijembaran séwang-séwangan tapi kudu duanana. Contona: huleng jentul  panghulengjentulna panghulengnajentul huleng pangjentulna 2 Ciri Semantis Kecap Kantétan Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri, nyaéta harti anu béda tina harti unsur-unsur pangwangunna. Contona: amis budi hartina ‘lain budina anu amis’, tapi ‘marahmay, soméah’.

b. Wanda Kecap Kantétan

Kecap kantétan dibédakeun jadi dua rupa, nyaéta rakitan dalit kompositum jeung rakitan anggang anéksi Sudaryat, 2013:62. 1 Kecap Kantétan Rakitan Dalit Rakitan dalit, nyaéta kecap kantetan nu sipatna éksosentris, patali unsur-unsurna geus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu béda tina harti unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina teu sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona: panonpoé, kacapiring, parahulu, rajakaya 2 Kecap Kantétan Rakitan Anggang PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 85 4 Rakitan anggang nya éta kecap kantétan anu sipatna éndoséntris, patali unsur-unsurna can awor pisan, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona: seuri konéng, balé nyungcung, taleusateul, kacang panjang, kuda kacang, panonhideung, indungbapa.

c. Adegan jeung Fungsi Kecap Kantétan