Wangenan Sastra Nangtukeun Bahan Ajar Sastra Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 15 Bahan ajar basa Sunda di SMP ngawengku 9 rupa wangun jeung warna wacana, nyaéta paguneman, déskripsi, aksara Sunda, warta, biantara, bahasan, surat, memandu acara, dan laporan kegiatan. Ambahan bahan ajar basa Sunda di SMP bisa diilikan dina tabél ieu di handap. Tabel 1.2 Bahan Ajar Basa Sunda di SMP KELAS VII VIII IX Paguneman Warta Mandu acara Iklan layanan masarakat Biantara Déskripsi budaya Aksara Sunda Bahasan budaya Bahasan idiom --- Surat Laporan kagiatan Tina tabél 1.2 di luhur ébréh yén bahan ajar basa Sunda di SMP ti kelas VII —IX jumlahna aya 10 bahan ajar, anu ngawengku paguneman, déskripsi, aksara Sunda, warta, biantara, bahasan, surat, memandu acara, jeung laporan kegiatan. Bahan ajar nu patai jeung wacana bahasan kapanggih aya dua bahan, nyaéta bahasan ngeunaan budaya jeung bahasan nu patali jeung idiom pakeman basa. Pancén

4. Nangtukeun Bahan Ajar Sastra Sunda

a. Wangenan Sastra

Ari kecap sastra téh asalna tina basa Sangsekerta, castra nu hartina buku pangajaran; élmu pangaweruh; naskah; buku-buku suci. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan nya éta karya seni nu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan. Karya sastra téh mangrupa bagian tina salah sahiji cabang tina kabudayaan nyaéta kasenian. Ilaharna kasenian, karya sastra ogé Pilih sasalahiji matéri tina tabél bahan ajar basa Sunda di SMP. Geus kitu, jieun bahan ajarna kalawan tanggung jawab jeung kréatif PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 16 mibanda unsur kaéndahan éstétis. Éta kaéndahan téh bisa nimbulkeun rasa kagagas, kataji, resep, ni’mat, sarta rasa lianna anu patali jeung kasugemaan jiwa nu macana. Lian ti bisa nyugemakéun sastra ogé gedé pisan ajénna atawa guna jeung mangpaatna. Sastra téh enas-enasna mah bisa mangaruhan sarta bisa nimbulkeun kamungkinan-kamungkinan wawasan anu jembar tur anyar anu didadasaran ku ajén kamanusaan. Ku kituna, Rusyana 1982:3 nétélakeun yén sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Karya sastra téh mangrupa ébréhan ngeunaan masalah-masalah hirup jeung huripna manusa. Hakékat jeung gambaran kahirupan manusa, tina rupa-rupa pangalaman, parasaan, idé manusa bisa kaébréhkeun dina sastra. Hal ieu luyu jeung pamadegan Sumarjo Saini KM. 1994:3, anu nété lakeun yén “sastra adalah ungkapan pribadi manusia yang berupa pangalaman, pemikiran, ide semangat keyakinan dalam suatu bentuk gambaran kongkrit yang membangkitkan perasaan dengan alat bahasa. ” Dina karya sastra ogé digambarkeun kasusah manusia, perjuangan, silih asih, pagétréngna pacéngkadan jeung papada manusa atawa naon- naon hal anu nyangkaruk, anu kaalaman, anu kapanggih dina kahirupan masarakat sapopoé réalitas objéktif. Réalitas objéktif téh bisa mangrupa kajadian-kajadian, norma-norma atawa ajén-inajén, sawangan hirup anu aya di masarakat. Cindekna, karya sastra téh mangrupa ébréhan éksprési nu patali jeung masalah-masalah hirup jeung huripna manusa. Basa dina karya sastra dipaké alat pikeun ngahontal ajén-inajén éstétika kaéndahan. Carana tangtu bisa rupa-rupa. Bisa ngagunakeun purwakanti, gaya basa, pakeman basa, dicokot harti injeumanana ,jeung sajabana. Basa dina karya sastra henteu kudu basa “kabujanggan” baé. Anu disebut basa kabujanggan téh kekecapan, ungkara kalimah atawa rakitan basa nu dianggap pinunjul, anu tadina biasa dipaké ku para bujangga dina karangan. Basa nu ku urang dipaké dina paguneman PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 17 sapopoé ogé bisa dipaké dina karya sastra. Anu penting lebah ngolahna éta basa luyu jeung eusi nu hayang ditepikeun dina karya sastra. Dina karya sastra alat jeung “eusi” téh gumulung enggoning ngawujudkeun ajén-inajén éstétis karya sastra. Upama basana wungkul nu éndah, bisa jadi éta karya sastra ngan ngeunah kadéngéna atawa dibacana wungkul, tapi euweuh pupurieunana. Sabalikna, upama eusina alus tapi henteu digelarkeun ngagunakeun basa nu alus, bisa jadi éta karya téh “garing” atawa ”gejed”. Gedé kamungkinan eusina anu hadé téh moal nepi ka nu maca atawa ngadéngékeun. Ari eusi karya sastra ngurung sajumlahing masalah kahirupan manusa. Bisa mangrupa masalah cinta, rumah tangga, rumaja, kajiwaan, pulitik, jsb.

b. Wangun Karya Sastra