PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
5
C. Péta Kompeténsi
Bagan 1.1 Péta Kompetensi
Kagiatan Diajar Guru Pembelajar Basa Sunda Tahap E
D. Ambahan Matéri
Bahan anu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar Kelompok Kompeténsi E nyoko kana wengkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, kaédah basa
wangun kecap, sarta tiori jeung génre sastra wawacan katut aprésiasina. Saluyu jeung ambahan éta bahan, pidanganana diwangun ku 4 Kagiatan
Diajar saperti ieu di handap.
Kagiatan Diajar I: Medar ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda
hakékat, gunana jeung kualitas bahan ajar, ambahan bahan ajar basa Sunda, ambahan bahan ajar sastra
Sunda.
Kagiatan Diajar II: Medar cara milih jeung ngolah bahan ajar basa jeung
sastra Sunda luyu jeung kaayaan siswa arah pangajaran, perluna nangtukeun bahan ajar, perluna
milih bahan ajar, tujuan nyusun bahan ajar, prinsip-
Kompeténsi Pédagogik:
Mampuh nyangkem jeung mekarkeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda. 2. Milih tur Ngolah
Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda
1. Nangtukeun Ambahan
Bahan Ajar Basa jeung Sastra
Sunda
3. Wangun Kecap: a. Kecap Asal
b. Kecap Rundayan c. Kecap Rajékan
d. Kecap Kantétan é. Kecap Wancahan
Kompeténsi Profésional:
Mampuh nyangkem jeung ngaidéntifikasi wangun kecap.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
6
prinsip nyusun bahan ajar, landasan nyusun bahan ajar, padika nyusun bahan ajar.
Kagiatan Diajar III: Medar wangun kecap basa Sunda wangenan kecap,
kecap asal, jeung kecap rundayan. Kagiatan Diajar IV:
Medar wangun kecap basa Sunda kecap rajékan, kecap kantétan, jeung kecap wancahan.
E. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar
Aya sawatara hal nu perlu ditengetan dina ngulik ieu modul. Kahiji, sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna keur sadérék. Kadua,
sadérék kudu narékahan sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca. Katilu, sadérék kudu niténan jeung migawé latihan nu dipidangkeun dina tiap
ahir jejer pedaran. Titénan jeung lampahkeun sakur bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun.
Ulah poho pigawé sakur latihan jeung évaluasi dina tiap bagian modul.
Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan ieu kagiatan diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu
ngawengku 1 bahan ajar basa jeung sastra Sunda, 2 kaédah basa wangun kecap, 3 tiori jeung génre sastra wawacan, sarta 4 kaparigelan
basa Sunda dina aprésiasi jeung éksprési sastra Sunda.
Dina ngulik éta bahan Kagiatan Diajar téh, Sadérék kudu maca jeung ngajawab latihan dina Kagiatan Diajar kalawan ngaruntuy. Ari sababna,
bahan dina Kagiatan Diajar 1 jadi dasar pikeun bahan dina Kagiatan Diajar 2, jst.
Lamun manggihan bangbaluh dina nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna atawa
nanyakeun ka instruktur.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
7
KOMPETENSI
PEDAGOGIK:
BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
8
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
9
KAGIATAN DIAJAR 1
AMBAHAN BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA SMP
A. Tujuan