Kagiatan Diajar Latihan Modul E PKB Bahasa Sunda untuk SMP Edisi Revisi 2017 BS SMP MODUL E 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 3 silkeun harti ‘pagawéan keur batur’ bénéfaktif’. Bédana mah N- hartina ‘aktif’, ari di- hartina ‘pasif’. Gabungan-ana jeung rarangkén tukang –an nambahan harti ‘sababaraha kali’ répétitif, ari jeung rarangkén tengah -ar- nambahan harti ‘jama’. Rarangkén di- jeung N- dipakéna bisa siligenti, upamana, dina kecap dipangmaracaankeun jeung mangmaracaankeun. Baganna ébréh ieu di handap. Bagan 3.2 Gabungan Rarangkén dipangmaracaankeun mangmaracaankeun pangmaracankeun maracaan macaan bacaan di- pang--keun -ar- N- baca -an N-

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator hontalan diajar 2. Baca pedaran bahan nu dipidangkeun kalawan disiplin 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar kalawan tanggung jawab PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan tanggung jawab jeung kréatif 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa gawé bareng tur disiplin dina sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap kalawan jujur jeung tanggung jawab 1. Naon anu dimaksud ku kecap asal. Sebutkeun pola-polana 2. Naon sasaruaan jeung bédana antara kecap asal jeung morfém dasar? 3. Naon bédana adegan kecap asal fraksi jeung gubrag? 4. Naon sasaruaan jeung bédana istilah kecap asal jeung kecap salancar? 5. Tétélakeun sasaruaan jeung bédana antara rarangkén barung jeung rarangkén gabung Alusna mah dibarengan ku conto kecapna. 6. Tétélakeun bédana kecap-kecap ieu di handap a. seuseuheun jeung seuseuhan b. asupan jeung asupkeun c. dipangnyieunkeun jeung dipangkaburkeun d. dipikanyaah jeung mikanyaah 7. Pék rucat ieu kecap rundayan: pangdiaralungboyongkeunana 8. Pék baca téks ieu di handap “Kasakit kitu-kitu baé maké dibawa ka doktor Lain ubaraneun doktor atuh nu kitu mah Di ditu, aya nu gering kawas kitu, malah parna ngan sakali ngajampé, terus wé cageur. Komo deui ieu ngan kari lieur jeung leuleusna wungkul. Pénta isukan mah, bawa balik Puguh doktor mah mending gé dilila –lila Keun kuring gé sanggup ngusahakeun kitu-kitu baé mah”, omong Wiharma, uana Yaya, mentog ka Bi Imi jeung Mang Endang; ngabongan-bongan teu ngabéjaan ti béh ditu, jeung nganaha- naha maké dibawa ka dokter. Dicutat tina Carpon “Néng Yaya Gering Panas” karya Karna Yudibrata Sanggeus maca téks, pék jawab pananya ieu di handap a. Sebutan kecap rundayan nu aya dina éta alinéa b. Aya rarangkén naon waé? c. Kumaha fungsi jeung harti éta rarangkén téh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 67 3

F. Tingkesan