Landasan Pédagogik Landasan Keterbacaan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39 2 réana jeung sajembar-jembarna pikeun meunang pangalaman maké basa jeung sastra Sunda, boh ngaliwatan kagiatan réséptif ngaregepkeun jeung maca boh kagiatan produktif nyarita jeung nulis. Palebah dieu, perlu jadi bahan tinimbangan nyelapkeun makéna aspék-aspék basa saperti foném, kecap, kalimah, jeung alinéa.

b. Landasan Pédagogik

Milih bahan jeung nangtukeun leganan katut runtuyan bahan ajar kudu dumasar kana tinimbangan kamekaran diri siswa. Ieu hal téh perlu dipilampah lantaran kamekaran siswa dina tiap jenjang atikan béda-béda. Atuh dina nepikeun bahan ajar ogé kudu dipilih métodeu jeung téhnik anu cocog kana bahan ajar katut kaayaan siswa. Piaget 1970 ngagambarkeun kamekaran kognitif siswa SD, SMP, jeung SMA téh kieu. Kamekaran kognitif budak SD 6-12 tahun aya dina tahap concrete operation. Ambahan mikiran kawatesanan kana ngungkulan masalah anu nyata. Budak SD can bisa ngungkulan masalah vérbal anu kompléks tur pikahareupeun. Kelas awal museur kana ningkatkeun kasadaran fonologis, ari kelas ahir museur kana kamampuhmikir hipotésis anu sederhana bisa dimimiti dimekarkeun. Ku kituna, bahan ajar kudu ngandung masalah konkrit, Ilustrasi, ukuran aksara, jsté. kudu écés. Kamekaran kognitif budak SMP 12-15 taun kagolong kana mangsa adolence dina tahap period of formal operation. Budak SMP boga kamampuh mikir nu mekar kalawan simbolis. Maranéhna geus bisa nyangkem perkara bari jeung teu perlu obyék nembrak atawa visual. Budak geus bisa mikir dina ambahan nu leuwih jauh ti batan kanyataan nembrak konkrit. Budak geus bisa mikir ngeunaan patalina hayalan nu abstrak jeung nyusun wawaran vérbal katut dalil- dalil. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 2

c. Landasan Keterbacaan

Bahan ajar kudu mibanda tahap keterbacaan readness. Bahan bacaan anu babari dicangkem ku siswa mibanda tahap keterbacaan nu luhur, sabalikna bahan ajar nu hésé dicangkem ku siswa mibanda tahap keterbacaan handap. Landasan keterbacaan nyoko kana keterbacaan matéri jeung keterbacaan basa. Keterbacaan matéri raket patalina jeung hésé babarina bahan ajar pikeun dibaca jeung dicangkem ku siswa. Ku kituna, bahan ajar kudu diolah tur disusun kalawan ngéntép seureuh sangkan siswa babarieun pikeun maca jeung nyangkem eusina. Keterbacaan basa raket patalina jeung hésé babarina siswa dina nyangkem basa nu digunakeun dina bacaan. Sangkan gampang dicangkemna, kalimah dina bacaan kudu écés jejer, caritaan, jeung udaganana sarta henteu paranjang teuing. Palebah dieu, bahan ajar nu keur diulik bisa némbongkeun dua hal, nyaéta: a Panjangna jeung runtuyan kecapna, frasa, kalimah, katut wacana henteu matak ngahésékeun siswa; sarta b Ma’na kecap, frasa, kalimah, jeung wacana nu dikandungna kudu bisa dibédakeun mana ma’na anu hésé mana ma’na anu babari.

4. Padika Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda