Prinsip Tématis Prinsip Komunikatif Prinsip Gumulung

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 2 pikeun mekarkeun poténsi jeung kaparigelan siswa sarta luyu jeung pameredih didaktik métodik nu mutahir atawa modéren. Bahan ajar kudu disusun dumasar kana prinsip miguna keberfungsian. Bahan ajar kudu disusun kalawan 1 némbongkeun métodeu jeung téhnik pangajaran nu dipilih; 2 méré luang ka siswa pikeun ilubiung dina peristiwa makéna basa nu sajembar-jembarna; 3 méré informasi, prakték, latihan, jeung pangalaman maké basa luyu jeung kabutuh siswa; 4 nuyun siswa dina makéna basa, lain ngawasa kaweruh basa; 5 ngamangpaatkeun rupa-rupa ragam basa dina peristiwa makéna basa; 6 ditujulkeun pikeun mekarkeun kaparigelan makéna basa; jeung 7 ngadorong kamampuh mikir atawa nalar katut karancagéan siswa.

c. Prinsip Pakait kontékstual

Prinsip pakait kontékstual nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu 1 ditarékahan maké maké média jeung sumber diajar nu bisa méré pangalaman langsung ka siswa pikeun diajar basa réséptif jeung produktif; 2 mangrupa fakta basa atawa peristiwa aktual anu bisa kapanggih ku siswa atawa disayagikeun ku guru; 3 luyu jeung kabutuh maké basa siswa, boh di jero kelas boh luareun kelas; 4 rinéka variatif, boh wujudna lisan atawa tinulis boh dina ragam koran, majalah, radio, paguneman, rapat, jsté; 5 bisa ngababarikeun dina mekarkeun pérformansi komunikatif siswa; jeung 6 mangrupa fakta basa anu dipidangkeun kalawan aya gunana atawa kapanggih di sabudeureun siswa di masarakat.

d. Prinsip Tématis

Prinsip tématis dilaksanakeun ku cara milih-milih bahan dumasar kana a téma, b bahan gembleng, c racikan rupining widang bahan, d sumaér fléksibel, é kamampuh dasar, sarta f karep minat jeung kabutuh siswa. Ari nu disebut téma téh nyaéta dasar atawa amanat utama caritaan. Téma bisa dimekarkeun jadi subtéma PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35 2 atawa anak téma, anu engkéna dimekarkeun deui jadi topik. Topik diheureutkeun deui jadi judul wacana.

e. Prinsip Komunikatif

Prinsip komunikatif dilaksanakeun dumasar kana prinsip yén basa téh mangrupa pakakas komunikasi. Ari komunikasi téh dina enas-enasna mangrupa prosés panyatur nepikeun pesan rasa, pikiran, jeung kahayang ka pamiarsa nepi ka jadi amanat ngaliwatan médium basa atawa pepeta. Upama pesan ti panyatur teu nepi jadi amanat ka pamiarsa disebut pasalia atawa salah paham misunderstanding. Prinsip komunikatif nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu dumasar kana pangalaman diajar, nyaéta sagala hal anu matak nimbulkeun peristiwa diajar. Ieu téh mangrupa kagiatan maké basa, niténan, latihan, kaasup ngalamun. Milih pangalaman diajar kudu ngadeudeul kawangunna pérformansi komunikatif siswa nu mumpuni.

f. Prinsip Gumulung

Prinsip gumulung integratif museur kana nyusun bahankudu nyumponan tilu ciri, nyaéta 1 kudu ngukuhan gunggungan bahan; 2 meredih siswa pikeun migawé jeung ngulik bahan kalawan malapah gedang; jeung 3 sacara fungsional, antarbagian bahan ajar kudu pakait kalawan dalit tur harmonis nepi ka kawangun bahan ajar nu miharti kalawan optimal. Prinsip gumulung integratif ngadumaniskeun rupining bahan a kaweruh basa adegan basa jeung kandaga kecap, b kaparigelan basa maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun, sarta c kaparigelan sastra aprésiasi jeung éksprési. Pangajaran kaparigelan basa miboga dua sipat, nyaéta: 1 kaparigelan tunggal, nu mangrupa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis; 2 kaparigelan miganda, nu mangrupa campuran tina dua aspék atawa leuwih. Racikan atawa kombinasina bisa mangrupa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36 2 i ngaregepkeun jeung nulis, ii ngaregepkeun jeung nyarita, iii maca jeung nulis, iv maca jeung nyarita, v nulis jeung maca, vi nulis jeung nyaritakeun, jeung vii nyarita jeung ngaragakeun. Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa diintegrasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar basa boh sastra duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa.Ieu prinsip nyaratkeun yén bahan ajar kudu dipidangkeun kalawan sinambung tur pakait jeung pangalaman diajar maké basa kalawan gumulung.

g. Prinsip Kaoténtikan