Aya Ide Awal, minangka gagasan pikeun maluruh rupa-rupa tarékah Prasurvei, pikeun mikanyaho kalawan detil kondisi nu aya di éta Diagnosis, pikeun maluruh aspék-aspék anu mangaruhan kana Ngarencanakeun, bisa dibagi jadi 2 jenis, nyaéta

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 19 kacindekan tina interprétasi data jeung réfléksi. Saméméh ngalaksanakeun éta panalungtikan biasana sok maluruh heula aspék- aspék anu jadi masalahna. Pikeun gambaran, aya hiji kasus anu karandapan tur ngarasa prihatin lantaran aktivitas diajar jeung hasil diajar muridna anu teu nyugemakeun. Upamana waé peunteun hasil diajarna téh sahandapeun KKM. Sanajan ceuk paribasana guru geus béak déngkak usaha satékah polah tapi angger waé taya kamajuan alias peunteunna garoréng. Komo deui merhatikeun muridna anu taya karep diajar, tugas-tugas teu dipigawé. Nyanghareupan kaayaan modél kitu, éta guru maluruh naon anu ngalantarankeunana. Nya salah sahijina téh, upamana waé métodeu pangajaran anu digunakeunana matak teu pikaresepeun muridna. Métode anu dipakéna ukur ceramah, murid teu kaaping dina ngalaksanakeun tugas, arang langka ngagunakeun alat peragamédia pangajaran, jeung arang langka ngayakeun tés atawa evaluasi. Sanggeus ngaidentifikasi rupa-rupa hal anu ngalantarankeun héngkérna kualitas jeung handapna hasil diajar murid, éta guru satuluyna ngararancang hiji kagiatan pikeun ngungkulan éta masalah. Lajuning laku mangrupa kagiatan nu dilaksanakeun sanggeus réfléksi. Dina ieu kagiatan guru perlu maluruh aspék-aspék nu dianggap héngkér kénéh tur perlu dioméan. Éta aspék anu nyababkeunana téh jadi titik pamiangan pikeun ngalaksanakeun kagiatan saterusna.

6. Léngkah-léngkah Lajuning Laku Réfléksi Pangajaran

Ieu di handap minangka lajuning laku hasil réfléksi pangajaran anu ditataharkeun saméméh prung nagalaksanakeun PTK. Ari léngkah- léngkahna anu kudu diparhatikeun ku calon panalungtik téh kayaning ieu di handap.

a. Aya Ide Awal, minangka gagasan pikeun maluruh rupa-rupa tarékah

anu kudu dipilampah. Di antarana nataharkeun hiji panalungtikan pikeun manggihan jeung ngaréngsékeun masalah anu karandapan di hiji kelas. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 20

b. Prasurvei, pikeun mikanyaho kalawan detil kondisi nu aya di éta

kelas nu rék ditalungtik. Prasurvei mah biasana dilaksanakeun ku calon panalungtik anu jolna ti luar, atawa lain guru di éta kelas. Tapi pikeun guru anu sapopoé ngajar di éta kelas mah tangtu geus apal kana masalah anu disanghareupana.

c. Diagnosis, pikeun maluruh aspék-aspék anu mangaruhan kana

gagalna hasil diajar. Dilaksanakeun ku calon panalungtik séjén atawa jalma anu teu biasa ngajar di éta kelas. Hasil diagnostik bisa ditangtukeun dasar pikeun ngalaksanakeun PTK. Masalah anu kapanggih tina hasil diagnostik, upamana masalah strategi pangajaran, média pangajaran, jeung matéri pangajaran. Diagnosis teu perlu dilaksanakeun ku guru nu teu ngalaksanakeun PTK di kelasna sorangan.

d. Ngarencanakeun, bisa dibagi jadi 2 jenis, nyaéta rencana umum

jeung rencana husus. Rencana umum maksudna pikeun nyusun rarancang nu ngawengku sakabéh aspek nu aya patalina jeung PTK. Rencana husus maksudna pikeun nyusun rarancang unggal siklus. Ku lantaran kitu, dina rencana husus mah sok ditangtukeun deui rencana replanning.

e. Impleméntasi, pikeun ngaréalisasikeun atawa ngalaksanakeun

tindakan luyu jeung nu geus direncanakeun saméméhna. PTK sipatna emansipatoris jeung ngabébaskeun liberating lantaran ngarojong kabébasan guru dina mikir jeung nepikeun alesan dina ngalaksanakeun ékspérimen, nalungtik, jeung netepkeun putusan atawa ngasongken judgment.

f. Ngimeutanmaluruh, bisa ku cara obsérvasi atawa monitoring nu