Prinsip-prinsip PTK Penelitian Tindakan Kelas a. Konsép Dasar Penelitian Tindakan Kelas

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33 jadi tugasna; 3 maham kana masalah anu karandapannana; jeung 4 ngalaksanakeun PTK kalawan merhatikeun kriteria validitas metodologi ilmiahna.

h. Prinsip-prinsip PTK

Aya sababaraha prinsip PTK anu kudu diperhatikeun ku guru salaku panalungtik, kayaning ieu di handap. Kahiji,kagiatan panalungtikan teu ngaganggu kagiatan pangajaran. Patalina jeung prinsip nu kahiji, hal penting anu kudu ditalingakeun nyaéta: 1 ngalaksanakeun tindakan PTK pikeun kamajuan murid sarta objektif kana hasil panalungtikan nu kapanggih, 2 siklus tindakan kudu nalingakeun kana kahontalna tujuan hasil diajar dumasar kurikulum, jeung 3 nangtukeun jumlah siklus tindakan dina PTK museur kana targét nu aya dina tahap perencanaan. Kadua, masalah panalungtikan anu dikaji minangka masalah nu nyalempangkeun diri guru salaku guru profésional nu boga tanggung jawab. Pangrojong utama PTK nyaéta komitmen profésional guru pikeun jadi juru ladén nu istiméwa pikeun murid-muridna. Katilu, métodeu nu dipaké pikeun ngumpulkeun data teu merlukeun waktu nu lila sarta teu ngaganggu prosés pangajaran. Prosédur ngumpulkeun data bisa dipigawé ku sorangan, tur tugas ngajar lumangsung kalawan lancar. Pikeun hal éta perlu digunakeun téhnik ngarékam perekaman data nu basajan tapi ngahasilkeun data nu muncul tur miboga harti. Kaopat, metodologi nu digunakeun kudu direncanakeun kalawan apik, sangkan tindakan bisa dirumuskan dina hiji hipotésis tindakan nu bisa diuji di lapangan. Guru bisa mekarkeun strategi nu bisa nu luyu jeung panalungtikan sarta anu bisa digunakan pikeun ngajawab hipotésis nu ditetepkeunana. Kalima,masalah atawa topiknu dipilih kudu bener-bener nyata, ngirut karep, bisa diungkulan. 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 Kagenep, salaku panalungtik tetep kudu nalingakeun étika jeung tata krama panalungtikan sarta rambu –rambu palaksanaan umum, di antarana sikep ajeg konsistén, dipikanyaho ku pimpinan lembaga, nalingakeun kaidah karya tulis akademik, jeung maslahat pikeun murid. Katujuh, kagiatan PTK teu ukur dilaksanakeun saharita, tapi jadi kagiatan anu maneuh. Kadalapan,tilikan kana PTK teu kawatesanan dilaksanakeun ku guru nu keur nyanghareupan masalah wungkul, tapi penting ogé ngalibetkeun panalungtik ti unsur séjénna, upamana kolaborasi antar guru dina hiji sakola, gawé bareng jeung dosen, widyaiswara, katut pengawasasakola.

i. Prosédur ngalaksakeun PTK