PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
18
dongéng, sajak, pupujian. Poko bahasan matéri pikeun Kelas 8 ngawengku: rumpaka kawih, guguritan, sisindiran, bahasan, carpon,
surat, warta, biantara. Poko bahasan matéri pikeun Kelas 9 ngawengku: memandu acara, bahasan, déskripsi, laporan kegiatan, novel, drama.
Poko bahasan matéri pikeun Kelas 10 ngawengku: biantara, paguneman, biografi dan otobiografi, aksara Sunda, dongéng, carita
wayang, carpon, guguritan, sisindiran. Poko bahasan matéri pikeun Kelas 11 ngawengku: rumpaka kawih, sajak, mantra, novel, bahasan,
déskripsi, warta, wawancara. Poko bahasan matéri pikeun Kelas 12 ngawengku: wawacan, carita pantun, artikel, memandu acara,
terjemahan, drama.
4. Réfléksi pikeun Maluruh Rancangan jeung Prosés Pangajaran
a Réfléksi kana silabus, Rencana Persiapan Pembelajaran RPP, bahan jeung média pangajaran, sarta instrumén évaluasi.
b Réfléksi kana kegiatan guru dina ngalaksanakeun prosés pangajaran anu ngawengku nerapkeun Rencana Persiapan Pembelajaran
RPP, léngkah-léngkah pangajaran, ngokolakeun pengelolaan kelas, interaksi guru jeung siswa, siswa jeung siswa, sarta nerapkeun
peta konsép. Kaiatan obsérvasi ngawengku: nepikeun tujuan pangajaran, topik nu dibahas, bahan jeung media nu digunakeun,
métode nu diterapkeun, ngelompokkeun pembagian kelompok, siswa, méré tugas pemberian tugas, setting pangajaran, suasana
pangajaran, bimbingan nu dilakukeun ku guru, sistem jeung instrumen évaluasi nu digunakeun ku guru, hasil pangajaran nepi
kana kagiatan réfléksi jeung lajuning lakuna tindak lanjut nu dilakukeun guru.
c Réfléksi kana kagiatan siswa sajeroning diajar jeung kamampuh hasil diajar
5. Lajuning Laku Hasil Réfléksi Pangajaran
Lajuning laku hasil réfléksi mangrupa kagiatan nu aya dina Penelitian Tindakan Kelas PTK. Éta hal dilaksanakeun ku guru sanggeus manggih
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
19
kacindekan tina interprétasi data jeung réfléksi. Saméméh ngalaksanakeun éta panalungtikan biasana sok maluruh heula aspék-
aspék anu jadi masalahna. Pikeun gambaran, aya hiji kasus anu karandapan tur ngarasa prihatin lantaran aktivitas diajar jeung hasil diajar
muridna anu teu nyugemakeun. Upamana waé peunteun hasil diajarna téh sahandapeun KKM. Sanajan ceuk paribasana guru geus béak
déngkak usaha satékah polah tapi angger waé taya kamajuan alias peunteunna garoréng. Komo deui merhatikeun muridna anu taya karep
diajar, tugas-tugas teu dipigawé.
Nyanghareupan kaayaan modél kitu, éta guru maluruh naon anu ngalantarankeunana. Nya salah sahijina téh, upamana waé métodeu
pangajaran anu digunakeunana matak teu pikaresepeun muridna. Métode anu dipakéna ukur ceramah, murid teu kaaping dina
ngalaksanakeun tugas, arang langka ngagunakeun alat peragamédia pangajaran, jeung arang langka ngayakeun tés atawa evaluasi.
Sanggeus ngaidentifikasi rupa-rupa hal anu ngalantarankeun héngkérna kualitas jeung handapna hasil diajar murid, éta guru satuluyna
ngararancang hiji kagiatan pikeun ngungkulan éta masalah.
Lajuning laku mangrupa kagiatan nu dilaksanakeun sanggeus réfléksi. Dina ieu kagiatan guru perlu maluruh aspék-aspék nu dianggap héngkér
kénéh tur perlu dioméan. Éta aspék anu nyababkeunana téh jadi titik pamiangan pikeun ngalaksanakeun kagiatan saterusna.
6. Léngkah-léngkah Lajuning Laku Réfléksi Pangajaran