Prinsip-Prinsip Dasar Prak-prakan PKB

2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 56 1 timuan téknologi tepat guna katégori kompléks jeung basajan; 2 timuan, nyiptakeun, atawa mekarkeun karya seni katégori kompléks jeung basajan; 3 nyieun atawa ngamodifikasi alat pangajaran katégori kompléks jeung basajan; jeung 4 nyusun standar, padoman, jeungatawa soal tingkat nasional, provinsi, atawa kabupatenkota.

c. Prinsip-Prinsip Dasar Prak-prakan PKB

PKB mibanda prinsip-prinsip anu kudu dikeukeuhan dina prak- prakana. Éta prinsip-prinsip téh ngawengku ieu di handap. 1. PKB dadasarna ngudag hasil diajar siswa, nepi ka kudu jadi bagian integral tina pancén guru sapopoé. 2. Unggal guru miboga hak nyangking kasempetan anu sarua pikeun mekarkeun kompeténsi dirina, prakna kudu sistematis, panceg, tur tuluy-tumuluy. Sangkan éta kasempetan téh rata kacangkingna, prosés nyusun program PKB kudu dimimitian di sakola. 3. Sakola wajib nyadiakeun kasempetan ka sakabéh guru pikeun ilubiung dina program PKB kalawan diperhatikeun jumlah jam minimalna dina sataun. Upama kasawang perlu, dinas pendidikan kabupatenkota miboga hak pikeun nambahan éta alokasi waktu. 4. Upama aya guru anu teu undak kompeténsina sabada ilubiung dina program PKB luyu jeung pangabutuhna, bisa dipaparinan sanksi anu luyu jeung aturan. Anapon kitu, éta sanksi teu bisa ditibankeun ka guru nalika sakola teu bisa nyumponan pangabutuh guru dina prakna ngalaksanakeun program PKB. 5. Wengkuan matéri PKB kudu museur kana kagiatan pembelajaran siswa, leubeut ku matéri akademik, prosés diajar ngajar, panalungtikan widang atikan, téknologi atawa seni, sarta ngamangpaatkeun data siswa pikeun ngundakkeun kualitas pangajaran. 6. Prosés PKB kudu dimimitian ti guru. Ku éta hal, prosés PKB kudu salawasna ngalibetkeun guru sacara aktif nepi ka bisa ngarojong parobahan dirina, boh dina hal ngawasa matéri, maham kontéks, kaparigelan, jeung salian ti éta, luyu jeung tujuan pikeun ngundakkeun kualitas atikan di sakola. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 57 7. PKB anu hadé kudu mibanda kontribusi pikeun ngawujudkeun visi, misi, jeung ajén-inajén anu hayang dihontal di sakola jeung wengkuan anu leuwih lega. Ku éta hal, PKB kudu jadi bagian gembleng tina rarancang mekarkeun sakola jeungatawa kabupaténkota dina ngundakkeun kualitas atikan. 8. Sabisa-bisa, kagiatan PKB dilaksanakeun di lingkungan sakola atawa sababaraha sakola KKG; MGMP. Éta hal téh pikeun ngajaga rélévansi kagiatanana, ogé sangkan bisa ngurangan akibat négatif pikeun lingkungan sakolana nalika guru-guru ninggalkeun sakola. 9. PKB kudu ngarojong profési guru sangkan jadi lahan gawé anu miboga martabat jeung ajén- inajén ma’na pikeun masarakat dina prakna nyerdaskeun bangsa. Pon kitu deui, ngarojong parobahan- parobahan dina prakték jeung mekarkeun karir guru kalawan leuwih objéktif, transparan, jeung akuntabel.

d. PTK pikeun Ngahontal PKB