Tingkesan Uji balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22 1. Niténan tujuan jeung indikator kalawan daria tur taliti. 2. Maca, nengétan, jeung ngulik pedaran bahan ngeunaan Réfléksi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP kalawan daria, taliti, tur percaya diri. 3. Babarengan jeung babaturan ngalaksanakeun diskusi kelompok pikeun migawé latihanpancén, kalawan silihargaan upama aya pamanggih anu béda. 4. Maca tingkesan matéri kalawan daria, taliti, tur percaya diri. 5. Néangan tur maca sacara mandiri réferénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator upama aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 1.

E. LatihanPancén

Pikeun maluruh kacangking henteuna pedaran bahan, jawab sakur pasualan ieu di handap kalawan gawé bareng jeung kanca mitra 1. Jelaskeun naon anu dimaksud réfléksi pangajaran 2. Aspék naon waé nu diréfléksi patalina jeung tujuan pangajaran basa Sunda 3. Aspék naon waé nu diréfléksi patalina jeung matéri pangajaran basa Sunda? 4. Naon pentingna ngaréfléksi tujuan jeung ngaréfléksi matéri dina pangajaran basa Sunda? 5. Tataan aspék-aspék pangajaran naon waé nu jadi sasaran pikeun diréfléksi

F. Tingkesan

Basa mangrupa alat komunikasi pikeun rupa-rupa fungsi, pikeun: 1 ngébréhkeun informasi faktual ngaidéntifikasi, ngalaporkeun, nanya, jeung ngoréksi; 2 ngébréhkeun sikep inteléktual satuju-teu satuju; 3 ngébréhkeunsikep moral ménta hampura, ngébréhkeun rasa kaduhung, pangajén; jeung 4 sosialisasi ngawanohkeun diri, ngawilujengkeun, ménta diperhatikeun. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 23 Pamarekan komunikatif nyaéta pamarekan pangajaran basa anu tujuanana pikeun ngawangun kompeténsi komunikatif. Lian ti éta pamarekan komunikatif ogé digunakeun pikeun mekarkeun prosedur-prosedur opat kaparigelan basa siswa, nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Hartina, pangajaran dipiharep ngaronjatkeun kamampuh komunikasi basa Sunda siswa, boh lisan atawa tulisan, boh resmi boh teu resmi.

G. Uji balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun kalawan jujur hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Upama Sadérék ngahontal tahap pangabisan 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun ngaderes matéri Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna bahan nu can kacangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 24 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 25 KAGIATAN DIAJAR 2: PENELITIAN TINDAKAN KELAS PTK PIKEUN NGARONJATKEUN PROFÉSI GURU BASA SUNDA

A. Tujuan

Saréngséna neuleuman ieu matéri, kalawan daria, silihargaan, gawé bareng, jeung percaya diri Sadérék dipiharep nyangking pangaweruh jeung kamampuh ngeunaan ieu hal-hal dihandap. 1. Konsép Dasar PTK. 2. Komponen Sasaran PTK. 3. Nangtukeun Masalah dina PTK. 4. Tujuan Ngalaksanakeun PTK. 5. Hasil Ngalaksanakeun PTK. 6. Mangpaat tina PTK. 7. Karakteristik PTK. 8. Prinsip-prinsip PTK.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi