4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
117
Mangkubumi: Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka Prabu
Linggabuana: Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka
kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan
c. Maham Unsur Intrinsik Drama
Dina kagiatan diajar 9 ieu, Ibu kalih Bapa guru basa Sunda kungsi niténan conto naskah drama anu judulna “Perang Bubat”. Dina éta
naskah drama, aya unsur-unsur intrinsik anu bisa disungsi, di
antarana dipedar sakumaha ieu di handap. a. Prolog
Dina naskah drama ‘Perang Bubat’, unsur prolog bisa katitén sakumaha ieu di handap.
Narator: Satuluyna dicaritakeun
dina tanggal tilu welas bagéan caang bulan badra taun 1279 Saka
Sang Prabu Maharaja Sunda perlaya di Bubat di nagri Majapahit
Harita Sang Prabu Maharaja jengkar rék nikahkeun putrina
nya éta Sang Rétna Citraresmi atawa Dyiah Pitaloka
jeung Bré Prabu Majapahit nu ngaran Sri Rajasanagara
kitu asal mula jujutan caritana... Narator:
Panceg tanggal 14 bagéan caang bulan Palguna, taun 1272 Saka, Linggabuana diistrénan jeneng ratu Nagri
Sunda ka-31 di dayeuh Kawali, kalawan abiséka Prabu Maharaja Linggabuana. Ti Prameswari Déwi Laralinsing,
Prabu Maharaja Linggabuana ngarundaykeun seuweu dua. Cikalna awéwé, gelar ka dunya taun 1262 Saka.
Citraresmi ngaran ti aki, Dyah Pitaloka ngaran ti rama. Nu bungsu lalaki, gelar ka dunya taun 1270 Saka,
dingaranan Niskala Wastu Kancana. b. Dialog
Dina naskah drama ‘Perang Bubat’, unsur dialog bisa katitén sakumaha ieu di handap.
Linggabuana: “Kumaha
ceuk pamanggih
dia, Rayi
Mangkubumi?”
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
118
4 KD
Mangkubumi: “Pareng aya di Hyang Séda Niskala, Raka
PrabuUrang mah darma ngalalakon. Hanas kitu paménta ti Bré Majapahit, taya salahna mun
dicumponan. Ngan tangtu baé kudu lantip tarapti. Ulah waka kalinglap ku kingkilaban
Linggabuana: “Majapahit téh keur nanjung, RayiLoba ratu-ratu nu taluk di Nusantara. Unggal taun saréba ka
dayeuh Trowulan. Mangkubumi: “Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka
Prabu” Linggabuana:“Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah
Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda bar
is nanjung komaraan” Unsur dialog dina naskah drama kaitung babari pisan
disungsina. Anu paling babari mah urang bisa niténan unsur dialog téh tina cara nulisna dina naskah. Sakumaha katangtuan
umum, cara nuliskeun kalimah langsung atawa ungkara langsung dina wangun tinulis dicirian ku ngaran palaku, titik dua,
jeung ungkarana dikekentengan. Geura titénan ieu conto di handap
Linggabuana: “Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri
Sunda baris nanjung komaraan ”
Tina conto di luhur, katitén aya ngaran palaku Linggabuana. Hartina, nu nyarita téh Linggabuana. Omongan atawa
cacaritaanna Linggabuana ditandaan ku tanda baca kekenteng “.
5. Mintonkeun Drama