Hakékat PKB Komponén PKB

2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 52 F. Definisi Operasional G. Anggapan Dasar H. Kerangka Teori I. Metode dan Teknik Penelitian a. Metode Penelitian b. Teknik Penelitian i. Teknik Pengumpulan Data ii. Teknik Pengolahan Data J. Instrumen Penelitian K. Jadwal Kegiatan Penelitian

2. PTK pikeun Ngahontal Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan PKB

a. Hakékat PKB

PKB téh hiji wangun pembelajaran pikeun guru ngaliwatan rupa-rupa cara jeung pamarekan sabada guru nyangking atikan jeung pelatihan salaku guru. Ari prak-prakanana tuluy-tumuluy, nepi ka guru bisa miara, ngundakkeun, 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 53 jeung mekarkeun pangaweruh, kaparigelan, jeung kualitas diri nu dipikabutuh dina kahirupan profésionalna salaku guru. PKB ngawengku kagiatan-kagiatan nataharkeun, ngalaksanakeun, évaluasi, jeung réfléksi nu didésain pikeun mekarkeun karakteristik, pangaweruh, pamahaman, jeung kaparigelan, sakumaha digambarkeun dina diagram ieu di handap. Gambar 2. 2 Diagram Kagiatan PKB Didadasaran ku kasadaran pikeun nyumponan jeung ngundakkeun standar kompeténsi profésina salila jadi guru, PKB dilakukeun sacara gembleng ngobét struktur kaparigelan, pangaweruh, jeung kompeténsi pribadi. Éta hal ngawujudna dina komitmén sangkan bisa ngahontal katégori profésional nu nyumponan standar kompeténsi profésina salaku guru, kalawan salawasna dimekarkeun sacara tuluy-tumuluy. PKB téh konci pikeun ngamangpaatkeun kasempetan dina mekarkeun karir guru ka hareupna. Ku éta hal, PKB kudu ngadorong jeung ngarojong parobahan dina diri unggal guru, utamana dina hal prakték jeung pangalaman dina prakna kagiatan diajar ngajar.

b. Komponén PKB

Dumasar kana Peraturan Menteri Negara Pemberdayaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi Nomer 16 Taun 2009 ngeunaan Jabatan Fungsional Guru jeung Angka Kréditna, PKB mangrupa unsur poko nu rupaning kagiatanana ditibanan angka krédit pikeun 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 54 mekarkeun karir guru, salian ti dua unsur poko lianna nu ngawengku atikan sarta pembelajaran jeungatawa tugas tambahan. Komponén PKB nu nyumponan kana hal sarupa kitu téh ngawengku pengembangan diri, publikasi ilmiah, jeung karya inovatif. a. Pengembangan Diri Pengembangan diri nyaéta rupaning tarékah pikeun mekarkeun profésionalisme diri sangkan nyangking kompeténsi-kompeténsi pédagogis, profésional, kapribadian, jeung sosial anu luyu jeung aturan minangka dadasar dina ngalaksanakeun tugas poko jeung kawajiban guru dina prakna pembelajaran, kaasup prakna ngalaksanakeun pancén-pancén tambahan nu luyu jeung fungsi sakola. Wujud kagiatan pengembangan diri anu pangpokona ngawengku diklat fungsional jeung kagiatan koléktif guru. Ari pikeun mekarkeun kompeténsi dina prakna ngalaksanakeun pancén-pancén tambahan, kagiatan pengembangan dirina dipuseurkeun kana kagiatan mekarkeun kompeténsi anu luyu jeung pancén tambahanana, contona kompeténsi salaku laboran, pustakawan, kapala sakola, jsté. Diklat fungsional wujudna mangrupa kagiatan latihan jeung atikan dina dangka waktu anu tangtu anu tujuanana pikeun ngahontal tur ngundakkeun standar kompeténsi profési anu geus ditetepkeun. Ari kagiatan koléktif guru, wujudna dina kagiatan-kagiatan ilmiah atawa kagiatan babarengan anu tujuanana pikeun ngahontal kaompeténsi anu leuwih luhur ti batan standar anu geus ditetepkeun, kayaning lokalarya, seminar, KKG, MGMP, jsté. Kagiatan pengembangan diri anu kawengku dina diklat fungsional jeung kagiatan koléktif guru sawadina ngutamakeun pangabutuh guru dina ngahontal standar jeung ngundakkeun kompeténsi profésina, utamana patali jeung prakna kagiatan diajar ngajar. Éta kagiatan-kagiatan dipiharep ngobét hal-hal kayaning: 1 kompeténsi maham kontéks di mana guru ngajar; 2 matéri jeung kurikulum; 3 métode ngajar; 4 évaluasi siswa; 5 kamampuh 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 55 ngawasa téknologi informasi jeung komputer TIK; 6 kamampuh nyanghareupan inovasi dina sistem atikan; 7 kompeténsi nyanghareupan gelarna tiori-tiori anyar; jeung 8 kompeténsi- kompeténsi lianna anu luyu jeung pangabutuh dina prakna kagiatan diajar ngajar jeung pancén-pancén tambahan. b. Publikasi Ilmiah Publikasi ilmiah nyaéta karya tulis ilmiah anu geus dipublikasikeun sacara lega di masarakat minangka kontribusi guru dina ngundakkeun kualitas diajar ngajar di sakola jeung dunya atikan sacara leuwih lega. Dina prakna, kagiatan publikasi ilmiah ngawengku tilu kelompok kagiatan: 1 presentasi dina forum ilmiah, kayaning seminar, lokakarya, jsté.; 2 publikasi hasil panalungtikan atawa kamandang-kamandang inovatif dina dunya atikan formal, kayaning: - laporan hasil panalungtikan luyu jeung widang atikan di sakola - tulisan ilmiah populér dina widang atikan formal jeung pembelajaran, dimuat dina jurnal internasional, nasional, atawa kabupaténkota 3 publikasi buku téks pangajaran nu diwuwuhan ku ISBN, kayaning: - buku pangajaran; - modul; - buku padoman guru; jeung - buku dina widang atikan. c. Karya Inovatif Karya inovatif nyaéta karya anu sipatna mekarkeun, modifikasi, atawa timuan anyar minangka wangun kontribusi guru dina ngundakkeun kualitas pangajaran di sakola jeung dunya atikan, téknologi, tur seni sacara leuwih lega. Anu kaasup karya inovatif guru di antarana: 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 56 1 timuan téknologi tepat guna katégori kompléks jeung basajan; 2 timuan, nyiptakeun, atawa mekarkeun karya seni katégori kompléks jeung basajan; 3 nyieun atawa ngamodifikasi alat pangajaran katégori kompléks jeung basajan; jeung 4 nyusun standar, padoman, jeungatawa soal tingkat nasional, provinsi, atawa kabupatenkota.

c. Prinsip-Prinsip Dasar Prak-prakan PKB