PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
108
4 KD
e. Amanat Amanat nyaéta amanatanu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu
maca atawa nu lalajo.
f. Prolog Prolog nyaéta bagian bubuka atawa pangjajap sacra umum perkara
lalakon anu baris dipintonkeun dina pintonan drama. Umumna, pungsi prolog pikeun nataharkeun sangkan nu lalajo saregep jeung
asup kana suasana lalakon. Eusi bubuka drama dina wangun prolog téh bisa katerangan pasualan, jalan carita, kasang tukang carita,
palaku, jeung sajabana, patali jeung lalakon anu baris dipintonkeun.
g. Monolog Monolog nyaéta paguneman saurang palaku jeung dirina sorangan.
Ayana monolog téh mantuan nu nongton ngarasakeun atawa mikanyaho suasana atawa parasaan palaku.
h. Dialog Dialog nyaéta paguneman antara saurang palaku jeung palaku
lianna. Dialog mangrupa bagian anu kalintang pentingna dina drama, nepi ka hiji karya sastra teu bisa disebut drama upama taya unsur
dialogna.
i. Épilog
Épilog
nyaéta bagian pamungkas dina pintonan drama nu eusina biasana méré sawangan atawa kacindekan kana lalakon anu
dipintonkeun.
3. Wangun Drama Sunda
Drama dina hasanah sastra Sunda ngawengku sawatara rupa, contona longsér, génding karesmén, jeung drama modéren.
a. Longsér Longsér mangrupa salasahiji wangun drama nu jolna tina téater
ra’yat. Longsér mimiti mekar kurang leuwih taun 1915-an, turta ngalaman mangsa kajayaan kurang leuwih dina mangsa taun 1920
tepi ka 1960-an. Tokoh anu kaitung populér dina ngahirupkeun jeung
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
109
mekarkeun longsér di antarana Bang Tilil, Bang Soang, Bang Timbel, bang Cineur, Bang Kayu, Bang Auf, jeung Sumanta.
Dina prakna pintonan longsér, aya unsur-unsur tari, kawih, jeung lakon. Dipintonkeunana biasana sok peuting di luar gedong di
buruan atawa lapang. Nu lalajo biasana ngawangun gundukan satengan buleudan nyanghareupan pakalangan pamaén longsér nu
ditengah-tengahna sok ditaheunan oncor.
Pintoinan longsér biasana dimimitian ku ronggéng, sok disebut adegan wawayangan atawa mamarung. Dina ieu adegan, ronggéng
téh ngibing jeung ngawih, tujuanana ngahudang karep nu nongton sangkan katarik atina. Sabadsa ronggéng bérés méntas, dituluykeun
ku pamaén lianna, biasana pamaén anu peranna bodor. Lalakon anu biasa dipintonkeun umumna diangkat tina kahirupan sapopoé
masarakat Sunda.
b. Gending Karesmén Gending karesmén nyaéta pagelaran drama Sunda anu dialog-
dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun, dibarengan gerak ibing, turta dipirig ku tatabeuhan gamelan. Gending karesmén sok
disebut ogé drama swara, méh sarua jeung opera dina hasanah drama Barat atawa éropa.
Kiwari, gending karesmén réa anu geus dirékam kana kasét. Ku éta hal, upama rék mintonkeun gending karesmén téh ayeuna mah teu
kudu nyiapkeun waditra. Kawih atawa tembangna deuih, teu kudu dikawihkeun ku pamaénna, cukupnuturkeun sora anu nyampak dina
kasét lip sync
. Pamaén ukur cukup ku pepéta, n’embongkeun éksprési, jeung blocking pundah-pindah tempat di panggung.
c. Drama Modéren Drama modéren kiwari leuwih dikenal ku istilah téater. Dina hasanah
drama Sunda, téater Sunda teu béda jeung konsép téater anu nyampak dina hasanah drama sakuliah dunya. Unsur anu
pangkatarana jadi pangbéda téh pangpangna mah lebah basa anu
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
110
4 KD
digunakeunana. Téater Sunda mah ngagunakeun médium basa Sunda.
Téater téh asalna tina bas Yunani theatron nu hartina tempat pikeun lalajo. Téater mangrupa istilah lianna pikeun drama, tapi mibanda
ma’na anu leuwih lega batan drama. Kalawan leuwih lega, téater téh nyaéta rupaning pintonan anu dipintonkeun hareupeun jalma réa,
pros’esna ngawengku milih téks atawa naskah, nafsirkeun naskah, ngagarap naskah, mintonkeun, jeung prosés maham atawa
aprésiasi.
4. Conto Naskah Drama jeung Pedaranana a. Conto Naskah Drama