4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
115
Hayam Wuruk: Naha?
Gajah Mada: Nitih wanci nu mustari. Nya ayeuna mangsan urang nalukkeun Nagri
Sunda Putri Citraresmi kudu jadi upeti Hayam Wuruk:
Paman Gajah Mada:
Euweuh deui wanci nu mustari. Nagri Sunda kudu taluk ayeuna Dicutat tina Panggelar Sastra karangan Drs. Ahmad Hadi, 2004,
Tanggerang: Pamulang
b. Pedaran
Sempalan naskah drama di luhur téh mangrupa dramatisasi tina novel Perang Bubat karya Yoseph Iskandar, eusina ngalalakonkeun
hiji prahara anu kaalaman ku nagri Sunda. Maksud rék ngadahupkeun Putri Citra Resmi ka Raja Hayam Wuruk ti karajaan
Majapait, kalah dipapag balai, dibokong ku Patih Gajah Mada di Palagan Bubat. Putri anu tadina dijangjian seja didamel padmi kari-
kari kudu disanggakeun salaku upeti. Sempalan drama anu dicontokeun kasup bagian anu kaitung
lengkep. Aya bagian prolog anu kieu unggelna:
Narator: Satuluyna dicaritakeun
dina tanggal tilu welas bagéan caang bulan badra taun 1279 Saka
Sang Prabu Maharaja Sunda perlaya di Bubat di nagri Majapahit
Harita Sang Prabu Maharaja jengkar rék nikahkeun putrina
nya éta Sang Rétna Citraresmi atawa Dyiah Pitaloka
jeung Bré Prabu Majapahit nu ngaran Sri Rajasanagara
kitu asal mula jujutan caritana... Narator:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
116
4 KD
Panceg tanggal 14 bagéan caang bulan Palguna, taun 1272 Saka, Linggabuana diistrénan jeneng ratu Nagri
Sunda ka-31 di dayeuh Kawali, kalawan abiséka Prabu Maharaja Linggabuana. Ti Prameswari Déwi Laralinsing,
Prabu Maharaja Linggabuana ngarundaykeun seuweu dua. Cikalna awéwé, gelar ka dunya taun 1262 Saka.
Citraresmi ngaran ti aki, Dyah Pitaloka ngaran ti rama. Nu bungsu lalaki, gelar ka dunya taun 1270 Saka,
dingaranan Niskala Wastu Kancana. Aya bagian narasi sakumaha anu digalindengkeun ku juru pantun,
saperti kieu: Juru Pantun:
Citraresmi sari wangi si lenjang bulan ngalangkang
sampulur miindung layung lampayak mirupa merak
sampayan kembang kamelang kembang dada maharaja
nu ngageugeuh taneuh pageuh di buana warna-warna
Geulis kaasih pohaci kacapangan para raja
ti bumi terusing langit bumi ancikan lalaki
langit ancikan birahi diugung-ugung ku degung
ditimang-timang ku gondang atina dina kacapi
rasana diri manusa Sarta tangtuna ogé aya bagian dialog, anu mangrupa bagian inti tina
pintonan drama, upamana kieu: Linggabuana:
Kumaha ceuk pamanggih dia, Rayi Mangkubumi? Mangkubumi:
Pareng aya di Hyang Séda Niskala, Raka Prabu Urang mah darma ngalalakon. Hanas kitu paménta ti Bré
Majapahit, taya salahna mun dicumponan. Ngan tangtu baé kudu lantip tarapti. Ulah waka kalinglap ku
kingkilaban Linggabuana:
Majapahit téh keur nanjung, Rayi Loba ratu-ratu nu taluk di Nusantara. Unggal taun saréba
ka dayeuh Trowulan.
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
117
Mangkubumi: Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka Prabu
Linggabuana: Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka
kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan
c. Maham Unsur Intrinsik Drama