Watesan Berita Wanda Berita

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 88 2 KD Pangajaran Biografi jeung Otobiografi Upama nilik kana KIKD dina Kurikulum Basa jeung Sastra Sunda 2013 mah pangajaran biografi téh diajarkeun di Kelas 10. Hasil diajar ngeunaan biografi murid dipiharep mibanda prilaku jujur, disiplin, jeung tanggung jawab, sanggeus ngaidentifikasi, nganalisisteks biografi jeung otobiografi, sarta mahér nenyusun nulis, nepikeun koméntar menanggapi, jeung mampuh ngabandingkeun atawa ngabédakeun antara teks biografi jeung otobiografi dibarung ku weruh kana kaidah- kaidah.

3. Téks Warta

a. Watesan Berita

Berita, warta, atawa béja mangrupa kecap atawa istilah anu teu bireuk deui dina kahirupan sapopoé. Secara leksikal kecap berita ngandung harti béja. Berita mangrupa informasi nu ditepikeun dumasar fakta nu aya, peristiwa nu kajadian, sarta aya patalina jeung kapentingan nu maca. Informasi nu aya dina surat kabar disebut berita. Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia – KBBI 2008, berita téh nyaéta carita atawa katerangan ngeunaan kajadian atawa peristiwa nu keur ramé dicaritakeun ku masarakat. Di masarakat urang nu ngaranna berita jadi hiji kabutuhan. Contona waé, upama aya saurang jalma papanggih jeung jalma séjénna sobat atawa babaturan, dulur atawa baraya nu leuwih ti heula ditanyakeun téh berita, Kumaha wartosna kabarnya damang?” Masih dina KBBI, Kabar hartina berita. Kabar nu dimaksud nyaéta, berita nu kudu ditepikeun ka jalma séjén dina wangun lisan.

b. Wanda Berita

Nilik kana wandana, berita téh aya dua rupa, nyaéta berita langsung jeung teu langsung. Berita langsung nyaéta informasi ngeunanan hiji fakta nu ditarima langsung ti narasumbersumber berita kejadianperistiwajalma. Nu dipidangkeunana perkara nu aktual, anyar – keur lumangsung, kalawan basa anu basajan, lugassaayana, singget, 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 89 padet, lancar, jelas, teu ngayayay, narik ati, jeung euyeub ku data. Ieu berita dina surat kabar sok aya di bagian awal hareup, jadi berita utama. Contona: “Pangandaran Katarajang Tsunami” Galura, 1 Januari 2005; “Undang-undang Pérs, keur Kapentingan Masarakat Galura, 1Perbuari 2005 Berita teu langsung mangrupa informasi hiji fakta nu geus ngalaman prosés atawa diprosés heula saméméh ditepikeun ka masarakat nu maca. Anu kaasup kana berita teu langsung, di antarana, Investigative News , Explanatory News , Interpretative News,Depth News . a. Investigative news nyaéta berita anu bahan-bahan berita kurang lengkep, sarta dilengkepan heula ku cara nalungtik data, fakta, atawa informasi ti sumber séjén anu ngarojong kana bahan berita awal, upamana tina press release , liputan acara, jeung panalungtikan investigasi. b. Explanatory News , nyaétab erita nu dipedar kalawan rinci, madukeun antara pakta nu aya jeung opini nu nulis. Fakta anu kapanggih dijelaskeun kalawan gemet tur panjang lébar dibarengan ku argumentasina. Bisa dipidangkeun langsung saharita atawa jadi berita nyambung. Pikeun éta hal diperukeun data anu loba tur lengkep boh ti narasumber boh tina hiji peristiwa. c. Interpretative News, nyaéta b erita nu dimekarkeun ku cara napsirkeun, ngajén, ngoméntaran kana hiji data, pakta tina hiji peristiwa atawa informasi ti narasumber. Cindekna data nu aya diadumaniskeun jeung hasil interprétasi nu nulis. d. Depth News, midangkeun data nu méh sarua jeung investigative news, nyaéta mekarkeun berita nu dianggap perlu dilengkepan ku data-data séjén atawa koméntar nu nulis. Éta hal bisa waé balukar tina data anu loba teuing tapi rada jauh patula- patalina. Nya éta berita dimekarkeun deui diluyukeun dumasar kapentingan jeung klasifikasina. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 90 2 KD

c. Prinsip-prinsip Berita