3 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
101
E. LatihanPancén
1. Aspék-aspék naon waé anu sacara prinsip aya dina kagiatan paguneman. Cing tataan hiji-hijina
2. Unsur-unsur naon waé nu kudu aya dina téks bografi? 3. Prinsip berita téh kudu objéktif. Cing tétélakeun naon maksudna
4. Jéntrékeun naon anu dimaksud iklan baris, iklan wawaran, jeung iklan
kulawarga 5. Naon anu dimaksud iklan layanan masrakat? Jéntrékeun
F. Tingkesan
Sanggeus diajar ngeunan paguneman dipiharep murid SDMI ngabogaan tingkah laku santun tur tanggung jawab, sarta maliré kaayaan
sabudeureunana dina kahirupan sapopoéna. Éta tujuan téh dipiharep bisa kahontal murid ku cara 1 mikawanoh kana téks paguneman, 2 nengetan
atawa ngimeutan téks paguneman, 3 nyonto basa nu digunakeun téks paguneman, sarta 4 metakeun atawa ngaragakeun téks paguneman. Murid
SMPMTs dipiharep bisa nyusun téks paguneman, metakeun paguneman. Murid SMASMKMA dipiharep dipiharep bisa nyusun téks paguneman,
metakeun paguneman, sarta dipiharep deuih bisa ngoméntaran eusi paguneman, basa paguneman, jeung peta jalma nu keur paguneman.
Sanggeus diajar paguneman murid ogé dipiharep mahér ngagunakeun basa kalawan merenah lentongna, luhur handapna sora, réngkak, jeung pasemon.
Dina pangajaran nulis paguneman dipiharep murid boga kamampuh ngagunakeun tanda baca, nyusun kecap, jeung kalimah kalawan bener. Éta
tujuan téh dipiharep bisa kahontal murid ku cara: 1 mikawanoh kana téks paguneman; 2 2 nengetan atawa ngimeutan eusi téks paguneman; 3
nyonto basa nu digunakeun dina téks paguneman; 4 metakeun atawa ngaragakeun téks paguneman; 5 nyusun téks paguneman; 6
ngoméntaran eusi paguneman, basa paguneman, jeung peta jalma nu keur paguneman.
Biografi mangrupa karya tulis nu eusina medar ngeunaan lalampahan hirup saurang jalma. Tokoh nu dipedar dina biografi alusna mah lengkep ti mimiti
nuliskeun tempat, tanggal, bulan, jeung taun dilahirkeunana, alamat
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
102
2 KD
padumukanana, ngaran indung bapana, riwayat atikanana, peristiwa nu dianggap penting sajeroning ngambah kahirupanana, atawa lalakon anu
matak jadi picontoeun nu maca, karya-karya anu dihasilkeunana.
Upama diwincik, nu sok ditataan dina téks biografi téh ngawengku: 1 ngaran, lalandian, atawa jujulukna, 2 riwayat kalahiran jeung asal-usul
kulawargana, 3 wangun fisik tokoh jeung pasipatanana, 4 riwayat pendidikan jeung pagawéanana, 5 pikiran atawa gagasanana, 6 karya
atawa hasil gawé, 7 préstasi jeung pangajén penghargaan nu kungsi katarimana.
Otobiografi mangrupa hiji karya tulis anu eusina medar ngeunaan catetan riwayat hirup ngeunaan dirina sorangan. Ari eusi nu dipedar otobiografi ogé
sarua waé jeung biografi, kayaning nataan 1 ngaran, lalandian, atawa jujulukna, 2 riwayat kalahiran jeung asal-usul kulawargana, 3 wangun fisik
tokoh jeung pasipatanana, 4 riwayat pendidikan jeung pagawéanana, 5 pikiran atawa gagasanana, 6 karya atawa hasil gawé, 7 préstasi jeung
pangajén penghargaan nu kungsi katarimana. Ngan karya otobiografi mah teu kacampuran ku ide jalma séjén, asli némbongkeun pipikiran jeung
lalampahan pangalaman hirupna. Ku lantaran kitu, bakal béda dina gaya nuliskeunana ogé.
Berita mangrupa informasi nu ditepikeun dumasar fakta nu aya, peristiwa nu kajadian, sarta aya patalina jeung kapentingan nu maca. Nurutkeun Kamus
Besar Bahasa Indonesia – KBBI 2008, berita téh nyaéta carita atawa
katerangan ngeunaan kajadian atawa peristiwa nu keur ramé dicaritakeun ku masarakat.
Nilik kana wandana, berita téh aya dua rupa, nyaéta berita langsung jeung teu langsung. Berita langsung nyaéta informasi ngeunanan hiji fakta nu
ditarima langsung ti narasumbersumber berita kejadianperistiwajalma. Berita teu langsung mangrupa informasi hiji fakta nu geus ngalaman prosés
atawa diprosés heula saméméh ditepikeun ka masarakat nu maca.
Nilik kana eusi jeung cara midangkeunana, wanda berita téh rupa-rupa, di antarana aya nu disebut Investigative news, Explanatory News, Interpretative
News, Depth News.
3 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
103
Berita kudu ngandung ajén objéktif, hartina éta berita kudu bisa ngabuktikeun fakta, data, atawa informasi nu diberitakeunana ku unsur-unsur kecap-kecap
pananya what, who, when, where, why, jeung how 5W + 1H. Ciri nu hakiki berita téh dipidangkeun atawa ditepikeun ka masarakat kalawan gancang
timely tur raket patalina jeung kapentingan umum balaréa public interest.
Aya dalapan konsép berita anu jadi prinsip-prinsipna, nyaéta berita laporan gancang news as timely report, rekaman news as record, fakta objéktif
news as objective fact, interprétasi news as interpretation, sensasi news as sensasion, minat insani news as human interest, ramalan news as
prediction, gambar news as picture.
Kecap iklan dumasar KBBI 2006 nyaéta 1 berita, béja, atawa wawaran nu ditepikeun ka balaréa sangkan kairut ku barang jeung jasa anu
ditawarkeunana; 2 béwara keur ka balaréa ngeunaan barang atawa jasa nu dijual, dimuat dina media massa kayaning surat kabar jeung majalah atawa
di tempat umum.
Iklan miboga rupa-rupa tujuan, nyaéta 1 nepikeun informasi ngeunaan hiji barang atawa produk ka masarakat; 2 sangkan konsumén kairut ku diji
produk; 3 ngagampilkeun konsumén pikeun nangtukeun pilihanana 4 ngaramékeun pasar; 5 ngabantu mekarkeun kelompok pangusaha; 6
ngawangun hubungan gawé bareng antara konsumén jeung pausahaan; 7 kahontalna program nu geus dirarancang.
Nilik kana wandana iklan téh rupa-rupa, aya nu disebut iklan baris, iklan wawaranberita, iklan kulawarga, iklan tanda bersandi, iklan komik, jeung
iklan layanan masarakat.
Iklan layanan masarakat tujuanana pikeun nyadarkeun masarakat, upamana sangkan sikep jeung tabiat anu asalna goréng jadi alus. Iklan layanan
masarakat mah non komersial, hartina lain keur kapentikan ekonomi atawa ngeruk kauntungan mangrupa matéri. Conto iklan layanan masarakat
kayaning: Iklan teu meunang ngaroko, iklan bahaya ngaroko, iklan miara lingkungan, iklan budaya antri, iklan ulah miceun runtah dimana waé, jeung
sajabana.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
104
2 KD
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku