4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
105
KAGIATAN DIAJAR 4:
WANGUN JEUNG UNSUR INTRINSIK DRAMA
A. Tujuan
Saréngséna neuleuman ieu matéri di handap, kalawan daria, silihargaan, gawé bareng, jeung percaya diri Sadérék dipiharep mibanda pangaweruh
jeung kamampuh ngeunaan:
1. hakékat drama; 2. unsur intinsik drama; jeung
3. wangun drama hasanah sastra Sunda
B. Indikator Kahontalna Kompetensi
Anu jadi Indikator Kahontalna Kompeténsi nyaéta saréngséna neuleuman ieu matéri. Dipiharep Sadérék bisa:
1. ngécéskeun hakékat drama; jeung 2. nétélakeun unsur intrinsik drama; jeungngécéskeun wangun drama dina
hasanah sastra Sunda.
C. Pedaran Matéri
Ieu di handap dipedar perkara Drama. Baca, tengétan, jeung ulik pedaranana kalawan daria, taliti, tur percaya diri. Sangkan leuwih onjoy dina
ngawasa bahan, diskusikeun jeung babaturan kalawan silihargaan dina ngasongkeun pamanggih.
1. Hakékat Drama
Istilah drama téh asalna tina basa Yunani draomai anu hartina ngalakukeun atawa ngaréaksi. Pamadegan yén drama téh asalna tina
hasanah sastra Yunani ditétélakeun ku Krauss Budianta, 2002: 112, nu nétélakeun yén drama mangrupa wangun seni anu datangna tina tradisi
kawih jeung tari réligi Yunani Kuno, anu kalawan sistematis némbongkeun dialog dramatis, ayana konflik jeung cara ngungkulanana,
tur dipintonkeun di luhur panggung.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
106
4 KD
Watesan perkara drama terus mekar tepi ka kiwari. Sok sanajan kitu, enas-enasna mah unggal watesan drama anu diasongkeun téh teu pati
jauh béda. Drama téh nyaéta carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun.
Drama diklasifikasikeun minangka karya sastra. Ari sababna média anu digunakeun pikeun nepikeun pikiran pangarangna téh nyatana basa. Anu
kaasup garapan sastra dina drama nya éta naskahna, naskah drama anu jadi dadasar pintonan drama. Memang salian ti naskah keur
pintonkeuneun téh, aya ogé karangan drama pikeun bacaeun anu disebut closet drama. Tapi closet dina sastra Sunda mah, nepi ka danget
ieu, can kacatur.
Karangan drama téh boga rupa-rupa ciri. Upama ditilik tina kalimah anu digunakeunana, drama gegedéna ngagunakeun kalimah langsung, nya
éta kalimah anu dikedalkeun ku palaku. Dina drama anu palakuna leuwih ti saurang, gelarna paguneman téh mangrupa omongan palaku anu
silihtémpas. Kiwari aya ogé anu disebut monolog, nya éta pagelaran drama anu mangrupa omongan hiji jalma. Palakuna ngan saurang.
Dina kamekaran drama kiwari, anu disebut drama téh nya éta drama modérn, anu umumna ngalalakonkeun kalakuan manusa kalawan
réalistis tapi aya ogé drama anu naskahna mangrupa modifikasi tina wangan karya sastra lianna saperti novel, carpon, dongéng, atawa sajak,
anu biasa disebut dramatisasi karya sastra. Drama modérn téh sok disebut ogé téater. Ari sandiwara mah kaasup drama lisan, hartina
drama anu teu maké naskah, atawa sok remen disebut drama tradisional.
2. Unsur Intrinsik Drama