Ngadu Kaléci Péclé

21 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén tali timba = tali langlayangan antara beuheung jeung tungtung beulah handap. rarancang = rangkay langlayangan. tali barat = benang dina rarancang antara tungtung hulu jeung jangjang. Cik tuliskeun deui wacana medar langlayangan di luhur téh maké basa hidep sorangan

2. Ngadu Kaléci

Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep nyaéta ngadu kaléci. Jiga medar deui ngadu kaléci gé, terkadang nu mikaresepna lain barudak waé. Ngadu kaléci téh ngaran kaulinan nu alat utamana kaléci. Istilah husus nu dipakéna nyaéta: kokojo = kaléci paragi nyéntangnojo. céntang = nojo kaléci séjén disintreuk tarik. golotok = nojo digolotokeun lalaunan. stan = nojo kaléci tina tuur atawa pingping bari awak rada ngajurungkunung. blép = kokojo kacandet ku jelema, teu meunang diingkahkeun. dur = kokojo kacandét ku jelema sarta terus diingkahkeun dijauhkeun. pot = kokojo paéh lantaran teu kaluar tina kalang. Sumber: www. datasunda.com 22 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII olés = keuna wungkul tapi henteu beunang, kaci nyéntang deui. épék = ngadeukeutkeun kokojo ngaliwatan kaléci séjén. stik = kaléci séjén sajeungkal deukeutna jeung kokojo. pocés = ngadu kaléci ku cara pasangannana ditunda dina kalang pasagi atawa buleud.

3. Péclé

Salian ti medar jeung ngadu kaléci, aya ogé kaulinan anu ilaharna dipikaresep, utamana ku barudak di pilemburan, nyaéta péclé. Péclé téh kaulinan barudak awéwé, alatna kenténg sabébék leutik, tempat ulinna ku cara nyieun kalang dina taneuh mangrupa pétak-pétak. Istilah husus dina kaulinan péclé nyaéta: minangkub = kenténg ditangkubkeun dina tonggong leungun sarta terus éngklé-éngkléan dina kalang. Lamun kenténg ragrag atawa suku nincak garis hartina gagal, giliran batur maén. minangkar = kenténg ditangkarkeun ditangkarak- keun dina tonggong leungeun sarta terus éngklé-éngkléan deui. Sumber: www. datasunda.com 23 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII minyuhun = kenténg disuhun bari terus éngklé- éngkléan. minyapit = kenténg dicapit ku ramo suku, terus éngklé-éngkléan. Jéntrékeun ngaran kaulinan ieu di handap 1. béklen 6. panggal 2. halma 7. jajangkungan 3. gatrik 8. anyang-anyangan 4. congkak 9. ucing sumput 5. damdaman 10. kasti

B. Maca Skénario Kakawihan dina Kaulinan