Ngadéklamasikeun Sajak Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 7 PDF 2014

75 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

C. Ngadéklamasikeun Sajak

Ieu aya sawatara sajak. Pék baca, terus apalkeun salasahijina Lémbang Kamelang Nyawang ti lebah suhunan bréh katingal léngkob Lémbang Situ Umar Baheula kacaritakeun, bisa bébér layar rarakitan Pangulinan budak, anteng ayeuna tinggal ngaran kagusur panéka jaman leuit duit pangwangunan Sumber: warungDOHC. blogspot 76 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Ayeuna Lémbang heurin ku tangtung imah kumaha jaga ka hareup warisan ukur carita kahayang ulah robah kahayang tinggal harepan Lémbang pinuh kamelang Karya: Fahrul Satria N, Kls. 9E, SMPN 3 Lembang Muara Usép Romli H.M. anteurkeun kuring ka gunung rék nyusu cikahuripan anu ngocor ngagolontor rék neueulkeun ketug jajantung kana galeuh kasucian anu can baur kokotor pulangkeun kuring kana pianakan indung hayang nyeuseup mataholang katengtreman anu teu weléh langgeng manceran saendeng-endeng Dicutat tina Sabelas Taun 77 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Tanah Sunda Ajip Rosidi Héjo pagunungan paul lautan héjo paul langit na haté kuring Masing di mana kuring nangtung masing ka mana kuring leumpang tanah lémbok tempat bumetah angin nyéot nyiuman tarang Masing di mana anjeun nunjuk masing iraha anjeun cumeluk kuring mo mungpang, kuring rék datang neueulkeun tarang, neueulkeun jantung Sumber: www. wikimedia.org 78 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Kuring tungtung teuteupan kuring tungtung teuteupan tungtung bedil ngincer dada Kuring geus nyaksian getih ngabayabah getih maranéhna nu mikacinta anjeun kuring geus nyaksian panon carelong tanggah jasad nu ruksak ngalungsar ‘na dada anjeun Héjo pagunungan, paul lautan taya kamarasan ngan katugenahan héjo pagunungan, paul lautan taya katengtreman, ngan ancaman Ngan lantaran kuring cinta ngan lantaran kuring tresna langit hibar lembur musnah jalan lecek ngabulungbung ka kota Kembang beureum buah biru kembang wéra kembang jayanti tanah tempat kuring sideku ngurugan mun kuring tepi ka pati 79 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Pancén Surat Ti Nandang Rachmat M. Sas. Karana Jalan ka imahna, tingjarentul batu koral batu taringgul Di buruan kembang srangéngé leuwih keri batan nu ligar na haté Ayeuna urang ukur dédéngéeun hariring alon nu hideung santen Ayeuna urang ukur deungdeuleueun imut leleb nu ngageterkeun angen Mun ngahaja nganjang deui tong miharep aya koran pabalatak Buku-buku diampihkeun kana laci lantaran manéhna geus mangku budak Dicutat tina Tepung di Bandung Naon téma jeung amanat pangarang nu kapanggih dina sajak pilihan hidep keur déklamasi?

D. Pedaran Déklamasi