Tokoh Dongéng Siga Si Kabayan

63 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII digémbol ku sarungna. Manéhna jeung mitohana mah teu milu ka tonggoh jeung nu séjén. “Enggeus waé, Bah, bisi teu kadahar” omong Si Kabayan ka mitohana, ngajak balik bari ngagandong lauk ku sarungna.

E. Tokoh Dongéng Siga Si Kabayan

Ditilik tina eusi jeung palakuna, dongéng Si Kabayan téh kaasup kana golongan parabél. Keur urang Sunda mah geus hamo bireuk deui ka tokoh nu ngaran Si Kabayan téh. Sanajan ngan sakadar tokoh iktif, tokoh nu taya dikieuna, tapi pohara akrab jeung dipikaresepna. Si Kabayan kaasup tokoh dongéng anu lucu, kalakuan jeung kabiasaan sapopoéna kaitung mahiwal. Najan kitu, Si kabayan saéstuna tokoh nu pinter sarta kapinteran kacerdasanana tampolana bisa ngéléhkeun batur. Dina dongéng Si Kabayan Marak upamana, lantaran ngarasa diteungteuinganan ku kokolot désa, pajar téh, “...néwak nilem keur sémah, meunang tawés gedé keur sémah. Meunang kancra, kasedepna. Ari keur urang nu bobolokotna, ngan ukur beunteur jeung bogo”. Ku cara gegeringan bari nyebutkeun yén lauk téh aya racunan nepi ka lauk beunang marak téh diborolokeun deui ka cai. Tétéla, dongéng-dongéng Si Kabayan téh lain baé pikalucueun jeung pikaresepeun, tapi ogé ngandung ajén kacerdasan, ajén moral, jeung ngandung pieunteungeun. Lamun di urang boga Si Kabayan, di sélér bangsa séjén ogé boga tokoh dongéng anu populér di masarakatna, saperti: Pan Balang Tamak Bali, Lebai Malang Riau, Mat Doblang Jawa Tengah, Abunawas Bagdad, jeung Nasrudin Timur Tengah. 64 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Latihan Jawab pertanyaan ieu di handap 1. Rék naon Si Kabayan rebun-rebun geus nagog sisi walungan? 2. Naon alesanana pangna Si Kabayan ngarasa diteungteuinganan ku kokolot désa? 3. Rék disuguhan naon tamu ti dayeuh téh? 4. Tarékah naon nu dipilampah Si Kabayan pikeun males kateuadilan kokolot désa? 5. Lamun téa mah enyaan Si Kabayan téh gering, cing nurutkeun pamadegan hidep; naha ku alatan lauk nu ngandung racun? Jéntrékeun sarta béré alesanana 6. Saha baé nu jadi palaku dina éta dongéng téh? 7. Naon témana éta dongéng? 8. Naon deuih amanatna éta dongéng téh? 9. Cik terangkeun, kumaha pasipatan Si Kabayan téh? 10. Sajaba ti dongéng Si Kabayan Marak, pék sebutan deui dongéng Si Kabayan lianna anu hidep apal Sanggeus dibaca, pék dongéngkeun deui “Si Kabayan Marak” di hareupeun kelas maké basa hidep sorangan, bagilir wé.

F. Maca Dongéng Sunan Gunung Jati