Iklan dina Radio Iklan dina TV

37 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII

2. Iklan dina Radio

Iklan nu disiarkeun dina radio audio nu paling utama tokoh nu ngeusi sorana jeung latar sora-sora séjén. Wandana bisa lucu pikaseurieun, sedih, atawa gumbira gumantung jenis iklan layanan masarakatna. Atawa bisa ogé gabungan tina tilu wanda éta, upamana mimiti pikasediheunpikarunyaeun tapi ahirna pikabungaheun. Salian ti tokoh nu ngeusi sora kudu enya-enya geus dipikawanoh ku masarakat, wirahma intonasi atawa luhur-handapna nu ngeusi sora ogé kudu diperhatikeun deuih. Iklan dina radio kudu napak dina alur carita bercerita najan durasi waktuna sakeudeung gé. Diputerna tangtu nyelang-nyelang dina acara resmi éta radio sangkan nyita sabagian perhatian pamiarsa. Ciri iklan radio nu alus, mangsana hong iklan téh pamiarsa henteu ngarasa kaganggu, malah alus mun jadi nambahan kahibur ku éta iklan. Atuh leuwih jauhna deui, omongan atawa kekecapan dina iklan kudu jadi kacapangan masarakat. Iklan bakal leuwih anteb mun dipasang dina acara pavorit pamiarsa dina éta radio. Nu jadi pertimbangan, tangtu baé jumlah nu ngareungeukeun targétna leuwih loba. Jadi méh sarua jeung iklan dina tulisan, kudu dipajang di tempat “ramé”, iklan radio gé dipasang dina acara “ramé” deuih.

3. Iklan dina TV

Iklan dina tv audio visual leuwih loba deui pasaratan nu kudu ditedunan, di antarana milih igur tokoh palaku dina iklan, téma sarta alur carita, pasaratan visualisasi gambar, lokasi shooting, jeung latar sora boh musik boh alat lian anu pas. Tétéla iklan dina tv mah leuwih kompléks dibandingkeun jeung iklan tulisan atawa radio. Tungtutan kréativitas dina iklan tv mah leuwih daria. 38 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Latihan 4 Iklan tv upama digarap kalawan daria bakal leuwih gedé pangaruhna tinimbang dua iklan tadi tulisan, radio. Salian ti éta, iklan nu alus bisa nodél fantasi jeung imajinasi nu lalajo pamiarsa tv. Soal jam tayang méh sarua jeung iklan radio, dina acara nu dianggap favorit pamiarsa. Naon nu ngabédakeun antara iklan tinulis, iklan dina radio, jeung iklan dina tv? Hég jéntrékeun

F. Medar Wawaran